Nyaeta puguh oge kuring sorangan bingung maca ieu wartos ( Arab News katingalina mah salah sahiji media resmi ti pamarentah Arab Saudi). Sabab upami cai hujan nu lebet ka air zamzam, hartosna cai zamzam teh, kenging supply ti air hujan nu lebet dina waktos enggal (siklus hidrologina pondok). Padahal apan air zam-zam teh tos rewuan taun, nu nujukkeun sumberna ti cai nu geus lami aya di lebet bumi. SI Ahli Geohidrologi nu kantos ngobrol jeung kuring, nyarioskeun yen umur cai zamzam teh tos langkung ti rewuan taun ( umur cai taneuh tiasa ditangtoskeun nganggo carbon dating). Ieu hartosna siklus hirdologi air zamzam kaasup lami, ti mimiti nyerep dugi ka luar deui di sirah cai.
Cai taneuh, saleresna tina cai hujan oge anu nyerep kana taneuh. Di hiji tempat cai taneuh ieu bakal kaluar, mangrupa sirah cai atawa di bor ku manusa. Biasana daerah asupan cai ( recharge area) taneuh, acan tangtu di tempat cai kaluar (sirah cai), tiasa di tempat nu tebih ti tempat ayana sirah cai. Jeung tiasa wae eta cai taneuh teh nyerepna rewuan/jutaan taun kapengker, teras katahan kaluar saeutik-saeutik. Kaayaan di permukaan bumi, tiasa wae geus robah (iklimna robah) jiga di Sahara , nu tadina iklimna tropis robah jadi gurun. Tapi dihandapeun gurun aya cadangan cai, sesa waktos iklimna masih tropis. Di Lybia, ayeuna ditimukeun, cai nu katahan jutaan taun kapengker, dugi ka ngabentuk situ anu ageung pisan dihandapeun gurun. Ku Libya eta cai teh ayeuna dimanfaatkeun keur irigasi pertanian di daerah gurun. Upami ningali wartos ieu, daerah asupan air zamzam teh di didinya-dinya keneh sareng siklus hidrologina pondok. Rada patulang tonggong jeung kanyataan dimana cai zamzam teh tos kaluar ti jaman Nabi Ibrahim keneh (rewuan taun kapengker). Tapi kuring ukur ngalelebah, nu terang pisan mah kang Oman atawa Kang Budhi Setiawan nu di Jepang. Mangga ah diguar we ku aranjeunna, perkawis urusan cai. ....... Kanggo Bah Jaka, Ceuk batur kuring nu ahli Geohidrologi teh, urang perancis nu tiluan teh, ngan saurang nu teras agamana Islam, ari nu duaan mah biasa we agamana balik deui teu puguh, maklum urang Bule. Batur kuring oge nyebatkeun, hasil panaluntikan urang perancis ieu, aya paperna di Perancis ( duka di lembaga Geologi Perancis atanapi naon). Waktu kuring ngadangu cacariosan anjeunna perkawis ngiranganana cai zamzam, kuring nambalang ka manehna: "Cai Zamzam bade ngirangan, bade nambihan atanapi bade saat pisan, teu penting, nu penting mah urang tetep Iman Ka Alloh Swt sareng yakin Nabi Muhammad Utusannana" alias sahadat tea. Dikitukeun teh batur kuring ngahuleng, " Heueuh nya!", cenah ngajawabna teh. Baktos, WALUYA > Kekekeke... > Abdi mah masih tacan ngartos Mang Willi (nyebatna Mang we ah, ceuk bahasa > Indonesia mah "Om Willi", supados rada keren hehehe...). Eta dua > torowongan teh kanggo drainase cai hujan nya, atuh hartosna si cai hujan > teh henteu nyerep kana taneuh...??!!Teras, dua torowongan teh bade di > eusian ku kerikil kanggo "ngalindungi" cai zam-zam, naon hubungannana nya > Mang...??!! > > Cingan punten, pangjentrekeun...??!! > > Ngeunaan cai zam-zam nu bade saat, pami teu lepat mah ieu teh kalebet ka > salah sawios ciri-ciri kiamat tos cakeut. Mung duka Abdi hilap deui sumber > na ti mana... > > Cag ah... > > > Salam Baktos, Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

