Punten Kang Syam ngiringan nambihan, da abdi ge resep pisan bobodoran nu 
ngajantenkeun seuseurian, ngicalkeun setres, “obat awet ngora” saur batur mah. 
Tah, ieu pemendak abdi nganggo basa cohag…
   
  Kecap Seuri bisa dijieun rupa2 make awalan jeung ahiran jadi pikaseurieun, 
seuseurian, disengseurikeun, nyeungserikeun, seungseurikeuneun, sura seuri siga 
sero….pidangan Kang Syam tea.
  Seuri, bisa dimimitian tina imut nu lila-lila beuki ngagedean jeung 
ngaluarkeun sora nu rupa-rupa. Salian ti ngaluarkeun sora, seuri biasana 
mangaruhan kanu beuteung, bisa nyeri beuteung nepi ka mules matakna bobodoran 
teh sok disebut ngocok beteung. Enggeusna teh sok leuleus saawak-awak, jeung 
narik napas…”Hhhhh…geus, ah! kuring cape tong seuseurian wae…hhhhh”.
   
  Urang Sunda lolobana sok nyaruakeun imut jeung seuri, da ari ditilik-tilik 
mah beda. “Si A tadi seuri ka urang” padahal ngan saukur kunyem alias imut nu 
digambarkeun ku biwir nutup ngahiji jadi sagaris, mun ngaluarkeun sora oge ngan 
saukur ….”hmmmm”.
   
  Jalema nu resep seuri kudu ningali kaayaan/situasi jeng saha rek seuri. 
Tingali  heula paroman jelema nu diajak seuri, mun nu keur sedih, siga loba 
masalah, setres & murukusunu mah tong diajak seuri... 
  Jeng kolot atawa jeung jalema nu dipihormat biasana seuri teh teu bisa bebas, 
rada diatur & ditahan. Beda deui mun jeung babaturan atawa jeung sahandapeun, 
ngabarakatak ge teu nanaon, tapi omat keur awewe mah seuri ngabarakatak teh 
ngewa.
  Budak Karek Gede (mun diIndonesiakeun mah ABG) seurina teh patingcirihil & 
patingciricit (siga beurit wae…). Jeung kabogohnamah komo deui seurina rada2 
centil da hayang kataksir tea. Budak leutik atawa orok ge sok seuri sorangan 
bari ningali kanu teu katingali ku urang alias seuri jeung nu goib hiiii…matak 
maruriding bulu punduk. 
   
  Kuring boga babaturan awewe nu teu bisa seuri padahal manehna sok nyieun 
bobodoran, sakumaha pikaseurieunana hiji lalakon manehna ngan saukur kunyem, 
judes mah henteu manehna teh…ngan nya kitu tea diciptakeun ku Allah kudu kitu. 
Garis beungetna kaku, eueweh kempot-kempotna acan siga boneka nu di toko baju 
we kumaha… (kabayang teu?). 
  Babaturan kuring nu hiji deui gawena Programmer mun seuri teh sok tarik 
ngabarakatak, mun ceuk nu bohong tea mah dina radius sakilo kadenge seurina 
teh. Babaturana mun teu kuat2 teuing ngadenge seurina sok ngomong,”Gandeng 
siah! seuri teh meakeun bandwith!”….uluh2 abong di pausahaan IT, seuri ge 
ukurna make bandwith.
   
  Basa keur SMP kuring boga guru Sejarah, barudak sakelas mah geus arapaleun 
mun seuri panona peureum, bari jeung ciduhna sok tinggaleun digigireun biwir, 
sakapeung mah sok nepi ka ngelay mun seurina ngenah pisan. Hiji waktu guru 
Sejarah teh ngalalakonkeun sejarah nu pikaseurieun, kompak barudak sakelas teh 
nyarumput dina kolong meja…pas geus seuri…panona muka, culang cileung neangan 
barudak…
   
  Jaman kiwari pikaseurieun teh sok ditareangan keur ngubaran setres boh na 
obrolan, gambar, tulisan atawa pilem. Ngabodor dijadikeun pacabakan keur 
neangan napkah lain  pagawean nu babari kusabab bodoranana kudu bisa jadi 
pikaseurieun. Tukang ngabodor lolobana urang Sunda, cik geura ti Kabayan mula, 
Padiyangan mah puguh deui da ti Bandung, di Extravaganza lolobana urang 
Sunda…siganamah geus ti dituna Urang Sunda teh beuki ngabodor.
   
  Dina agama Islam sagala rupa nu kaleuleuwihi sok dicaram malahmah 
diharamkeun, nya kitu deui dina seuri. Kuring kungsi maca na buku Fadhlail 
A’mal karangan Maulana Muhammad Zakariyya basa jaman Rasulullah Muhammad SAW 
rek shalat ka masigit, anjeuna ningali sobat2na ngariung ngobrol gogonjakan 
bari seuri tarik ngabarakatak nepi ka huntuna jelas pisan katenjo. Anjeuna 
nyarita : “Saumpama anjeun loba inget kana paeh, pasti kuring moal ningali 
aranjeun siga kieu. Kusabab kitu, lobakeun inget kana paeh”. Ceuk na buku eta 
yen loba seuri nu teu pararuguh bari jeung tarik ngabarakatak bisa ngajadikeun 
hate jadi teuas alias ngabatu da biasana jalema keur seurimah bararoraah inget 
kanu paeh…
  
   
  Ceu Eros.
   
  Message: 25        
     Date: Thu, 23 Feb 2006 17:18:06 +0700
     From: "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]>
  Subject: Macem2 Seuri
   
  Seuri teh mun diibaratkeun kawas pakean loba macemna, modelna tur 
  Corakna timimiti mesem mesem nepikeun ka ngagakgak atawa ngahahah. Seuri,bisa 
dibedakeun tina sorana anu dihasilkeun tina seuri eta, saperti; ngahihih(seuri 
jurig cai,kunti, seuri kuda atawa seuri nini nini mun keur nyisig),ngaheheh 
(seuri anu huntuna geus ompong), akey akeyan (biasana seuri awewena, seuri teu 
bisa ditahan, terus terusan,teu kaampeuh samping atawa rok weh jebod)  
nyakakak, ngahahah, ngabarakatak (seuri full volume). 
   
   
   
   
   
   
   
   

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke