Saprak Banten pepegatan jeung Jabar,tvri anu ngageugeuh cibaduyut ieu, ganti ngaran jadi tvri jabar & banten anu samemehna ngarana tvri bandung. Sanajan sacara pamarentahan geus misah ti jabar,bubuhan meureun wewengkona teu incah balilahan tetep didinya,jeung deui daerahna kajangkau ku siaran tipi eta,atuh Banten oge masih dianggap miboga tvri eta, kukituna ngaran Banten tetep kudu dibabawa. Sakapeung mah sok leng mikir, kumaha mun kahareup, lain Banten wae nu nek pepegatan jeung jabar teh,contona Cirebon, atuh meureun ngaran tipina ge jadi tvri jabar,banten & cirebon. Encan lamun botabekpuncur geus jadi megaloman eh megapolitan, atuh ngarana meureun leuwih mabay wae,meh teu kagok asong nya sakalian we atuh diimplik implikan ku jrrd (jeung rea rea deui).
Dina rohangan ngacapruk ieu, sok leng deui mikir,da saenyana boh Banten, Cirebon atawa daerah sejenna di jabar,moal incah balihan tetep ngariung mungpulung ditatar pasundan, atuh ngaran tipina oge kahayang mah teu jauh tidinya, mun teu tvri pasundan, pasundan tv,tipina urang sunda,nyakup sakabehna, nu ngaku urang sunda najan aya diwewengkon mana wae, boga hak miboga tur bisa babarengan ngamumule. Atuh dina pidanganana, leuwih rea midangkeun budaya sunda. Nu katangen dina tvri jabar & banten ayeuna, bisa diitung ku ramo, pek we anu geus maneuh,berita basa sunda,pop daerah (pop sunda), sasagon (sandiwara sunda gogonjakan),sandiwara sunda (enya ngarana sandiwara sunda, tapi dina prungna sok pacampur jeung mamalayuan)sakuduna mah teu kudu campur jeung basa malayu, eta meureun ngahargaan yen pangeusi jabar teh geus heterogen,atuh mun teu kaharti basa sunda mah matak naon keur lalajo mawa kamus basa sunda, bongan hayang cicing ditatar pasundan, nya kudu bisa basa sunda meh bisa aub. Kabahdieukeun sok aya acara wayang golek unggal poe kemis,enya asa kabeberah, daripada sok katangen midangkeun wayang ewong,jaba teu resep teh teu kaharti basana deuih, piraku keur nongton kudu mawa kamus basa batur sagala.Beu! Enya budaya sunda teh pan loba, aya calung,matak naon aya audisi grup calung, sugan we aya gaganti Darso atawa Yayan Jatnika. Atawa aya kadei kadeian dina wanda pop sunda, sugan we aya Nining Meida,Detty Kurnia, Hetty Koes Endang yunior. Duka meureun matak kitu ge heureut modal tea, da arang langka midangkeun iklan nu sipatna komersil,duka mun nuboga iklana arembungeun masang didinya.Kituna mah pantes pidangan pidangan acarana eleh pamor ku program acara tipi sawasta. Antukna tvri jabar & banten salilana miindung ka embahna, nyaeta tvri jakarta. Iraha atuh tvri jabar & banten sagembelengna midangkeun kasenian tur kabudayaan sunda? Teuing! SR [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

