Kasang tukang industrialis di urang, umumna ti kaum sodagar/padagang. 
Nu namina padagang, tujuan nu pangheulana, investasina gancang balik 
jeung sagancang-gancangna meunang kauntungan. Janten teu gaduh tujuan 
supaya bangsa urang bisa memproduksi sorangan. Maranehna leuwih untung 
ngarakit heula, tinimbang nyieun langsung. Dina nyieunna oge, nya 
saeutik-saeutik tur tetep we make merk prinsipalna.

Leres pisan, kedahna nagara nu "maksa" lamun bangsa urang hayang boga 
kabisa. Urang India, sanajan ngagandeng mercedes, tapi keukeuh mobil nu 
dijieun di India mah, teu diaranan Mercedes, tapi Tata ( Di Bandung, 
bus kota nu kapungkur merkna Tata). Kitu deui motor, Vespa diganti 
aranna teh jadi .... ( lah hilap deui, naon geuning merk Vespa versi 
India teh). Tapi diurang mah, henteu kitu, motor tetep we merkna teh 
Honda, Suzuki, Vespa. Komo ari mobil mah .......

Perkawis roket?  Ah eta mah rada sesah. Ceuk beja mah, teknologi Roket 
rada dirahasiahkeun ku Amrika. Kupungkur aya dosen ITB, nu hoyong 
sakola Teknologi Roket di MIT, tapi ditolak, sabab cenah jurusan eta 
mah keur nagri2 sobat kentel Amerika wungkul. Kapungkur oge diawal taun 
1950'an, universitas2 di Amerika, teu nampi mahasiswa asing nu hoyong 
diajar Fisika Nuklir. Jurusan Nuklir nembe dibuka keur urang asing 
dipertengahan taun 1955'an.

Ari ceuk kuring mah, urang Indonesia teh, diajar heula we 
nu "laleutik", da geuning jarum pentul wae diimpor ti luar .....

Baktos,
WLY


--- In [email protected], "totong usman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Urang lain teu bisa nyieun motor, mobil, kapal selam, pesawat
> Malah pesawat ulak-alik ge bisaeun..........................
> Ngan teu aya "kemauan politik" ka arah dinya ti pamarentahna
> Loba teuing "kapelentingan" pribadi nu asup ka pamarentahan meureun
> Jadi euweuh duit keur nyieun nu kitu......................
> Sakanyaho simkuring kuduna tahun 2003 urang geus kudu "meluncurkan"
> satelit ngan teu jadi, euweuh duit nu karek di coba teh roket 230
> mm(sukses) ngan jang ngembangkeunna can ka dangu deui  
> Lamun urang daek noong ka tukang indonesia negara pertama di asia yang
> sukses di bidang roket,kapal laut, pesawat terbang tapi nyaeta loba
> teuing "kapelintangan" 
> *kedah emut malaysia belajar ilmu pengetahuan, minyak ti indonesia
> tapi............. teuing ah................
> jadi sedih nyarioskeunna







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke