Kang Waluya, jigana mah nu nyieun eta humor teh orang Cambridge (saingan berat 
Oxford) kanggo ngece yen Oxford teh mutuna rendahan. Biasalah di urang oge sok 
aya saling ece antar kampus. Saperti dongeng "Lulusan UNPAD" (mungkin tos pada 
terang, punten). Kacaritakeun aya hiji lulusan UNPAD anu hese gawe akhirna 
frustasi terus jadi mamaungan di kebon binatang. Waktu keur pentas kajeblos ka 
kandang singa. Atuh orokaya reuwasna nalika singa ngadeukeutan ka manehna. Tapi 
... barang eta singa geus deukeut lain ngegel, tapi kalaka ngaharewos: "tong 
siuen kang ... da abdi oge lulusan ITB," pokna.  
   
  Aya oge versi joke anu mirip jeung carita Kang Waluya dihandap tapi ieu mah 
versi Indonesia (yogya). Kacaritakeun kelompok MAPALA UGM kemping ka Irian. 
Manehna kakepung ku suku primitif. Saengges nyaho yen maranehna teh mahasiswa, 
terus kepala sukuna ngainterogasi ka salah saurang kelompok MAPALA eta.
   
  " Silaing kuliah jurusan naon?"
  "Politik," ceuk salah saurang anggota mapala
  "Gantung ... eta jelema jahat!" ceuk kapala suku. 
   
  Si kapala suku terus nanya ka salah sahijina deui, "Ari silaing jurusan naon?"
  "Hukum," ceuk mahasiswa sejena
  "Duruk... eta jelema biadab!" ceuk kapala suku.
   
  Ret deui si kapala suku ngareret bari nunjuk ka salah sahiji deui mahasiswa. 
"Ari silaing jurusan naon?"
  "Antropologi," ceuk eta mahasiswa bari ngeleper bakat ku sieun.
  "Wah ... ampihan ieu mah balad urang," ceuk kapala suku bari ngagabrugan ka 
mahasiswa antro eta.
   
  NB: punten bilih tos basi joke-na
    

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Baheula, di jero benua Afrika, aya missionaris Nasrani katewak ku suku
primitif nu masih kanibal. Para kanibal ieu kacida aratoheunana, geus lila
maranehna teu ngadahar daging manusa, komo ieu mah daging urang bule,
kacida meureun empukna. Para kanibal teh nyiapkeun kuali nu gede pisan,
keur ngulub Bapa Pastur. Ger seuneu dihurungkeun, keur ngagolakkeun cai.
Geus cai ngagolak, Bapa Pastur nu ditalian teh disered dibawa ka deukeut
kuali. Tapi  samemeh dicemplungkeun kana kuali, Pupuhu (Kepala) Suku, pok
ngomong : "Naon pamenta anjeung pangakhirna, hey bapa pastur?

Kacida ngajenghokna pastur teh, kaget, naha kepala suku teh tiasaeun
nyarios ku Basa Inggris. Poho kana pamenta akhirna, pastur malah malik
nanya ka kepala suku:" Geuning tiasa Basa Inggris? dimana diajarna?"

"Kuring pan tamatan Oxford!", ceuk Kapala Suku teh, kalem.


Tambahan ti Kuring:
1) Oxford : Universitas nu kasohor di Inggris
2) Moral humor ieu, naon nya? cikan aya nu terang?

Baktos,
WALUYA






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Jewish culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



                
---------------------------------
Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses!

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke