Haturan Teh Tien sareng Bah Willy, Teh Tien leres, hatur nuhun pisan kana panggeuingna. Atuh kanggo Bah Willy hapunten nu diteda bilih aya basa abdi nu kirang merenah atanapi teugeug. Mugi henteu aya raheut manah..
Saleresna mah abdi oge gaduh beja ti supervisor abdi (urang Arab) nu langkung serem tibatan ieu. Beja ieu Insya Allah sanes nyarioskeun pribadi urang Arab tapi nyarioskeun masarakatna nu aya gunana pikeun urang. Ceuk anjeunna, "pemerentah Arab teh saenyana mah musuh rahayatna jeung musuh urang Islam sakuliah dunya!". Tapi abdi teu wantun cacarios kamamana, inggis ku bisi rempan ku sugan eta teh ngan sentimen manehna wungkul sanaos anjeunna ngalaman nyalira tur nyebatkeun conto-contona. Ke upami tos langkung seueur buktosna panginten cunduk mangsana bakal aya nu ngaguar. Atuh kaduana, perkawis Arab-non Arab mah asana teh tos jelas dina cariosan jungjungan urang SAW waktos haji panungtungan tea nu diantawisna nandeskeun yen "....Saenyana jelma nu panghadena di sisi Pangeran teh jelma nu paling takwa. Euweuh saeutik oge kaleuwihan urang ARAB dibanding salain ARAB salain ti katakwaanna". Kitu panginten, mugia katampi. Baktos Yudi --- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres Kang Waluya, leres oge kang Yudi teu aya anu lepat, santai sajah....Ulah sarius. Si teteh oge kantos bergaul sareng urang arab sadaya balageur, mung pas upami aurat istri katingal anjeuna sok nyebat haram siti rahmah. haram siti rahmah. Sadaya istri indonesia anu munggah haji di sebat siti rahmah Mung kanggo istri kedah wanti2 ulah masihan kelet anu mengundang (naon sundana), eta anu nyababkeun kacilakaan perkosaan. > Sapertos conto anu alit upami dikurudung heug katingali sakedik rambutna (teu rapih) eta sami sareng nangtang lalaki arab. > > Kumargi mas kawin di Arab teh awis seueur lalaki nu teu kabedag kawin ka wanita arab, nya seueur bujangan tua nyababkaeun lamun wanita indonesia anu lumbah-lambeh sok jadi korban pelecehan.Tapi aya oge anu dijantenkeun istri. > Kitu manawi, sakaterang > > ipeut Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

