Seratan Kang Denis di handap teh panginten kedahna mah dihaturkeun ka Mama ManAR sareng Kang Yani. Tapi henteu nanaon ah bade ngiring ngengklokkan wae sakedik mah.
Di handap Kang Denis nyebatkeun yen basa Sunda teh sesah. Kitu oge tina kacapanon sosiologis aya 'tatakrama sareng kolot'. Tah upami kitu, numutkeun Kang Denis (sareng inohong sadayana) atuh Basa Sunda mah sesah janten Bahasa Internasional panginten nya? Kaduana, dupi kamus Kang Denis teh atos ngalebetkeun kecap-kecap Basa Sunda wewengkon atanapi henteu? Misalna wae kecap2 ti wewengkon Kuningan/Cirebon sapertos teoh [handap]; mungkal [batu]; celem [sayur]; sarowal [lancingan]; anjog [dugi/nepi]; menit [lieur]; gemet [comro] (jeung rea-rea deui) atanapi wengkon sanesna (punten contona ti Kuningan da nu sanes mah henteu apal). Baktos Yudi In [email protected], Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur kang Yudi jeung kang Yani > Punten, kang, ari kamus Sunda-Perancis engke heulaanan he..he..he...ieumah mangrupa proyek nu bade lumangsung mangtaun-taun dugi ka mangsa pangsiun kuring. Kedah sabar sateuacanna diwedalkeun nya? Kunaon hiji kamus Sunda-Perancis? Numawi teu acan aya kamus sapertos kitu, basa diperyogikeun ku kuring janten mutuskeun medalkeunana. Ari kasaruaan antara basa Sunda jeung basa Perancis teh benten pisan langkung benten tinanding eujeung Perancis/Inggris atawa Indonesia/Sunda. Tapi duanana, Sunda jeung Perancis, mangrupa basa nu harese dikawasakeun. > > Puguh wae, kuring tos nguningakeun karya-karya Pa Mikihiro Moriyama, salah sahiji ahli linguistik nu manggung jadi mani sohor di widang elmu basa; abdi teh mung saurang lumrah nu beuki kana basa Sunda wungkul, hanjakal atuh kuring sanes sakaliberna..he..he..he.. > > Kuring isin pisan kulantaran curekna dilalaworakeun ku kuring sanaos sakedahna malire : contona aya bentenna antawis "keplek" (gelo), "keplék" (kaulinan) jeung "képlék" (ngéplék leungeun). > > Ari jumlah kecap dina database teh kieu : unggal kali pesen di milis diaos ku kuring, unggal kali hiji buku diaos, unggal kali ngomong sareng garwa kuring, upami maos atawa ngadangu kecap nu anyar, eta kecap dipilarian heula dina kamus kangge ngimpleng hartosna teras ditambih dina databasa sareng tarjamahan jeung konteksna (kalimah-kalimah sabudeureun). > > Eta sababna nepi ka dieu ngandung langkung tina sapuluh rebu kecap. Enya, leres, kuring seja ngadadarkeun tugas ieu (kamus) ka masalah > narjamahkeun kana basa Perancis (disebutkeun Traité de stylistique dina basa Perancis)...tapi saatosna kamus geus rengse wae..he..he..he...upami abdi masih keneh hirup. > > Ari cara kumaha ditambih dina database : aya entri kangge unggal kecap turunan sanes mung kecap dasar wungkul(contona : aya entri kangge kadaharan, padaharan, pangdaharan sanes mung dahar wae). Kulantaran sasaruanana dina basa Perancis dibebenah sapertos kitu (kecap turunan). > > Leres seueur ahli linguistik teh, mangsa abad ka-18 ka-19, urang Perancis kawas Saussure, Benvéniste, Vandryes, Marouzeau jsb, beken pisan terutamina dina widang filologi. Bapa Labrouse, ahli basa di > wewengkon Asia Tenggara, pangaran kamus Indonesia-Perancis pangsaena teh, saurang Perancis oge. Ku kituna, naon sababna urang deugeun katarik diajar basa Sunda? Ari pangiten kuring, kulantaran basa Sunda mangrupa panangtang nu panghesena. Saha wae tiasa diajar basa Inggris teterehan tapi meryogikeun sabaraha lami kangge ngawasakeun basa Sunda? mangtaun-taun komo kedah toh tohan. Teras kaayaan basa Sunda di beulah sosiologi teh aheng : dipisah antawis basa Wetan jeung basa Kulon, dipisah antawis basa alus di Sumedang jeung basa kasar di Banten, diangge dina dunya moderen tapi sareng aturan tatakrama nu kolot, diangge ku tilu puluh juta pamuduk tapi teu gaduh koran nu penting, diancam ku basa nasional (Indonesia) jeung basa internasional (Inggris). Ieumah mangrupa panangtang nu mani geugeut ka kuring kawas ka saban pangguna basa luar biasa eta. > > Baktos, Kang Denis Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

