Ari pangemut saupamina hiji basa tiasa dijanteunkeun basa international, Kang Yudi, pamendak kuring kieu : tempat dicicingan ku hiji basa di
panggung sadunya teh teu gumantung kaheseanana atawa kagampilanana tapi gumantung kakawasaanana. Maksad kuring kitu : hiji basa deugeun nu utami dina hiji widang (ekonomi, militer, elmu pangaweruh, jsb) bade dikukut ku pangguna anyar upami aya mangpaatna sareng kagunaanana, kumaha kaheseanana, nu janten pertimbangan ngan alatan pratek. Langkung gampil ngabagikeun katerangan antawis jalmi nu ngagaruna basa hiji-hiji kulantaran hartosna kecap bade diuningakeun ku pangguna sakabeh tanpa mandeg-mayong. Pangarti eta basa, nu diangge ku sadayana, masihan kasemptan ngadagangkeun barang liwat langkung seueur jalmi, agama, pikiran katut kaelmu-elmuan disebarkeun langkung enggal, daerah-daerah tiasa dihijikeun kalawan ragem jadi hiji nagara. Mangpaat ngagunakeun hiji basa wae nyaeta langkung ampuh upami pamuduk sapagodos kana hartos kecap nu diangge sadidintenna. Contona basa Yunani kuno, sababaraha abad lamina sateuacan Masehi, sanaos dianggap basa nu mani hese, dijantenkeun basa padagang internasional, komo dianggap basa palsapat international dugi ka Abad Pertengahan. Sami sareng basa Latin dina widang hukum nu sarebu taun masih keneh diangge di pangadilan Kulon. Basa Arab mangrupa conto nu mani ebreh oge, sanaos hese, dijantenkeun basa padagang sarta basa palsapat Timur tengah jeung sakuliah banua Aprika. Abad ka-17 jeung ka-18 basa Perancis, basa nu hese pisan, dijantenkeun basa kasusastran, basa kasenian katut basa jero di unggal karajaan di Eropa. Basa ayeuna basa Inggris (Amerika sarikat) dijantenkeun basa internasional sakadar sabab Amrik ngawasakeun dunya ekonomi tapi oge basa ayeuna disebutkeun basa globalisasi : nagara-ngara kedah pasambung di Internet, di tilipisi disiarkeun di sadunya, liwat bioskop Hollywood. Meureun, engkena basa Cina bade ngagentoskeun basa Inggris kawas basa internasional padagangan. Pondokna golongan nu alit mikahoyong nyusul golongan nu ageung sareng diajar basana. Kadua.Ari basa wewengkon, posisi nu dipilu ku kuring dina kamus teh kieu : Modelna kamus teh dua : model deskriptip jeung model normatip. 1) model deskriptip : unggal kecap diangge ku pangguna basa dimana-mana dilebetkeun dina daptar boh sae boh henteu, kaasup basa wewengon, gaul atawa resmi. Sasaranana teh ngadaptarkeun kecap tampa pangajen nanaon supados langkung uninga kabeungharanana basa. 2) model normatip : nu dilebetkeun mung kecap dianggap sapertos sae dumasar hiji standard (contona : basa Sumedang). Sasaranana teh nyarankeun ka pangguna basa mung kecap nu pangsaena supados ngalusan basa sareng ngicalkeun kecap nu teu sae. Nu dipilih ku kuring dina kamus ieu nyaeta model deskriptip. Baktos Kang Denis ----- Original Message ----- From: Yudi Irmawan To: [email protected] Sent: Sunday, March 05, 2006 3:07 AM Subject: [Urang Sunda] Re: Kahatur kang Yudi jeung kang Yani (naros hartos) Seratan Kang Denis di handap teh panginten kedahna mah dihaturkeun ka Mama ManAR sareng Kang Yani. Tapi henteu nanaon ah bade ngiring ngengklokkan wae sakedik mah. Di handap Kang Denis nyebatkeun yen basa Sunda teh sesah. Kitu oge tina kacapanon sosiologis aya 'tatakrama sareng kolot'. Tah upami kitu, numutkeun Kang Denis (sareng inohong sadayana) atuh Basa Sunda mah sesah janten Bahasa Internasional panginten nya? Kaduana, dupi kamus Kang Denis teh atos ngalebetkeun kecap-kecap Basa Sunda wewengkon atanapi henteu? Misalna wae kecap2 ti wewengkon Kuningan/Cirebon sapertos teoh [handap]; mungkal [batu]; celem [sayur]; sarowal [lancingan]; anjog [dugi/nepi]; menit [lieur]; gemet [comro] (jeung rea-rea deui) atanapi wengkon sanesna (punten contona ti Kuningan da nu sanes mah henteu apal). Baktos Yudi In [email protected], Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur kang Yudi jeung kang Yani > Punten, kang, ari kamus Sunda-Perancis engke heulaanan he..he..he...ieumah mangrupa proyek nu bade lumangsung mangtaun-taun dugi ka mangsa pangsiun kuring. Kedah sabar sateuacanna diwedalkeun nya? Kunaon hiji kamus Sunda-Perancis? Numawi teu acan aya kamus sapertos kitu, basa diperyogikeun ku kuring janten mutuskeun medalkeunana. Ari kasaruaan antara basa Sunda jeung basa Perancis teh benten pisan langkung benten tinanding eujeung Perancis/Inggris atawa Indonesia/Sunda. Tapi duanana, Sunda jeung Perancis, mangrupa basa nu harese dikawasakeun. > > Puguh wae, kuring tos nguningakeun karya-karya Pa Mikihiro Moriyama, salah sahiji ahli linguistik nu manggung jadi mani sohor di widang elmu basa; abdi teh mung saurang lumrah nu beuki kana basa Sunda wungkul, hanjakal atuh kuring sanes sakaliberna..he..he..he.. > > Kuring isin pisan kulantaran curekna dilalaworakeun ku kuring sanaos sakedahna malire : contona aya bentenna antawis "keplek" (gelo), "keplék" (kaulinan) jeung "képlék" (ngéplék leungeun). > > Ari jumlah kecap dina database teh kieu : unggal kali pesen di milis diaos ku kuring, unggal kali hiji buku diaos, unggal kali ngomong sareng garwa kuring, upami maos atawa ngadangu kecap nu anyar, eta kecap dipilarian heula dina kamus kangge ngimpleng hartosna teras ditambih dina databasa sareng tarjamahan jeung konteksna (kalimah-kalimah sabudeureun). > > Eta sababna nepi ka dieu ngandung langkung tina sapuluh rebu kecap. Enya, leres, kuring seja ngadadarkeun tugas ieu (kamus) ka masalah > narjamahkeun kana basa Perancis (disebutkeun Traité de stylistique dina basa Perancis)...tapi saatosna kamus geus rengse wae..he..he..he...upami abdi masih keneh hirup. > > Ari cara kumaha ditambih dina database : aya entri kangge unggal kecap turunan sanes mung kecap dasar wungkul(contona : aya entri kangge kadaharan, padaharan, pangdaharan sanes mung dahar wae). Kulantaran sasaruanana dina basa Perancis dibebenah sapertos kitu (kecap turunan). > > Leres seueur ahli linguistik teh, mangsa abad ka-18 ka-19, urang Perancis kawas Saussure, Benvéniste, Vandryes, Marouzeau jsb, beken pisan terutamina dina widang filologi. Bapa Labrouse, ahli basa di > wewengkon Asia Tenggara, pangaran kamus Indonesia-Perancis pangsaena teh, saurang Perancis oge. Ku kituna, naon sababna urang deugeun katarik diajar basa Sunda? Ari pangiten kuring, kulantaran basa Sunda mangrupa panangtang nu panghesena. Saha wae tiasa diajar basa Inggris teterehan tapi meryogikeun sabaraha lami kangge ngawasakeun basa Sunda? mangtaun-taun komo kedah toh tohan. Teras kaayaan basa Sunda di beulah sosiologi teh aheng : dipisah antawis basa Wetan jeung basa Kulon, dipisah antawis basa alus di Sumedang jeung basa kasar di Banten, diangge dina dunya moderen tapi sareng aturan tatakrama nu kolot, diangge ku tilu puluh juta pamuduk tapi teu gaduh koran nu penting, diancam ku basa nasional (Indonesia) jeung basa internasional (Inggris). Ieumah mangrupa panangtang nu mani geugeut ka kuring kawas ka saban pangguna basa luar biasa eta. > > Baktos, Kang Denis Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "urangsunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

