Atuh, Teh, teu aya rusiah nanaon ngenaan kuring. Kuring mindeng ka Indonesia 
tapi teu lami unggal kali, sababaraha sasih sataun wae. Kukulamprengan 
daerah-daerah dimana-mana di Indonesia : Sumatera, Jawa, Bali, Sulawesi. Kuring 
salawasna ngangge basa Indonesia wae dugi ka patepang calon garwa kuring di 
Sukabumi opat taun nu kalangkung, tisaprak harita wawawuhan basa Sunda sakadar 
kulantara saurna basa indung teh mangrupakeun jalan nu panglangsungna kana hate 
manusa. Taun kapengker kuring jeung garwa katut murangkalih linggih di Sukabumi 
janten puguh wae teu miceunan kasempatan diajar basa Sunda di tengah kulawarga 
mertua jeung tatangga. Kumaha henteu? 

Kukituna Teh Ipeut hoyong mendak kuring...sualna kedah ka Kanada heula 
he..he..he..Saleresna kuring sakulawarga bade mulang ka Sukabumi taun payun 
sasih juli agustus.

Baktos, Kang Denis
  ----- Original Message ----- 
  From: indung peuting 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, March 03, 2006 3:05 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Naros hartos -kang Denis


  Baruk...! kang Denis teh deungeun-dengeun....ari sugan teh bangsa urang, bet 
palinternya ari batur ...! ari urang kana basa sorangan api lain. Urang mana 
kang Yani kang Denis teh..? tos pernah ngulampreng ka tanah sunda teu acan....? 
bet hayang pendak sareng kang Denis aya  dimana eta jalmina..? tah kumaha lamun 
acara kopdar kusnet kang Denis sina ngaluuhan kadieu, keun waragad na mah ku 
kang Yani di tanggung....he he ( punten ah...heureuy )
     
    ipeut

  MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Kuring jadi inget obrolan jeung kang Mumu (pananggung
  jawab kagiatan SIMPAY) sawatara katukang. Soal bangsa
  deungeun anu soson-soson ngulik perkara basa Sunda,
  nepi ka aya anu nalungtik perkara hurup basa Sunda "e"
  anu aya curek di luhur jeung "e" anu teu aya curek di
  luhurna. Terus ngabandingkeun sora/ vokal urang Sunda 
  jeung vokal urang Jawa jeung urang Sulawesi.Nyata
  katingali kabeungharan kosakata basa Sunda teh
  geuning. Terus pananya anu leuwih jero deui teh, jang
  naon maranehana neuleuman basa Sunda nepi ka jero siga
  kitu? Naon nangpaatna pikeun maranehanan? 
  Ayeuna wae tos katingali, ahli basa Sunda sakaliber
  Mikihiro Moriyama geus "mendunia". Sigana maranehanana
  (bangsa deungeun) kalebet didieu kang Denis Rivard,
  tos mikir jauh ka hareup, basa sunda teh hiji potensi
  anu kaya pisan pikeun kamekaran pengaweruh basa dunya.
  Terus kuring jadi inget ka Mongin-Ferdinand de
  Saussure (1857-1913), urang Prancis kalahiran Jenewa,
  anu tadina nalungtik perkara basa Sansekerta, ahirna
  jadi"perintis" anu ngaluarkeun teori 'strukturalisme
  jeung linguistik modern', anu jadi acuan pikeun para
  ahli basa (linguistik) sadunya. Saha anu terang,
  boa-boa ku ayana bangsa deungeun nalungtik basa Sunda,
  engke bakal kaluar teori linguistik keur basa-basa di
  wewengkon Asia Tenggara.

  Tapi ras inget ka Urang Sunda sorangan. Utamana di
  milis ieu, rame madungdengkeun basa kasar, basa lemes,
  basa warisan jajahan basa Jawa. Piceun basa nu teu
  mangpaat. Naha eta "pendapat" teh geus "dibeuweung
  diutahkeun"? Geuning bangsa deungeun mah ningali basa
  Sunda teh basa anu beunghar kosakatana? Ku naon atuh
  bisa kitu?
  Sigana wae aya pamikiran anu kaliru di kalangan Urang
  Sunda, nepi ngahasilkeun hiji kacindekan, basa jeung
  budaya Sunda teu perlu  "dipelajari" soson-soson, teu
  boga pangaruh kana kahirupan jeung kajembaran anu
  makena, da udaganana ngan kana widang ekonomi wae.


  --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > 
  > heuheu. ampun paralun kang, sanes ka dinya maksad
  > seratan sim kuring teh.
  > mung mupuas ka urang sunda sorangan nu paroho deui
  > basa sunda. hehe.
  > 
  > tangtos we ari sikep sim kuring ka kang Denis mah
  > reueus nu aya. margi
  > sanaos dengeun2, tos kersa diajar basa Sunda. urang
  > dieu diajar basa
  > Inggris Perancis Jerman teu aneh, tapi mun batur
  > diajar basa Sunda rada
  > aneh, margi kabisaaan di urang, nu diajar basa teh
  > dipatalikeun sareng
  > kapentingan ekonomi, sakola atanapi padamelan.
  > 
  > sim kuring oge ngaraos reueus ka Mikihiro Moriyama,
  > nu desertasina di
  > Leiden perkawis budaya cetak kesastraan Sunda abad
  > 19. ngulik sajarah basa
  > Sunda, tos tiasa ngengingkeun gelar Doktor.  Bukuna,
  > Semangat Baru,
  > Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraan Sunda Abad
  > ke 19, baris dibedah
  > di pangulinan sim kuring, Rebo 5 April 2006.
  > 
  > tah kang Denis oge diantos karyana perkawis basa
  > Sunda atanapi budaya
  > Sunda sanesna.
  > 
  > baktos ti bdg
  > mj


  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 


  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




    SPONSORED LINKS 
          Corporate culture   Business culture of china   Organizational 
culture     Organizational culture change   Jewish culture 
      
  ---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS 

      
      Visit your group "urangsunda" on the web.
      
      To unsubscribe from this group, send an email to:
  [EMAIL PROTECTED]
      
      Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

      
  ---------------------------------
    



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

  [Non-text portions of this message have been removed]



  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china  Organizational 
culture  
        Organizational culture change  Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke