Sabenerna mah Kang Kumi, carita-carita rakyat (folklore) ditambahan 
ku heureuy ka etnis sejen, geus ilahar dilakukeun ku urang Sunda 
(jigana oge ku etnis nu sejen). Bodor-bodor si Miing loba nu ngangkat 
masalah ngaheureuykeun etnis ieu. Kitu deui dina sinetron " Bajay 
Bajuri". Si Said dina sinetron Bajay Bajuri digambarkeun urang Arab 
nu resep awewe, kabogohna rea, gunta-ganti. Dina salah sahiji 
tayanganana, dilalakonkeun si Said noong awewe nu keur ganti pakean 
di Kamar mandi, bari mamake baju/kaos batur. Atuh nu katuduhna batur. 
Ekslusifna komunitas urang Arab di urang oge, kungsi "ditempokeun" ku 
sinetron si Oneng ieu. Hiji waktu dulur misan si Said, awewe, nyumput 
di kontrakan si Said, cenah kulantaran manehna dipaksa kawin ku 
kolotna. Lanceukna awewe eta, neangan, nanyakeun ka Si Said, naha 
manehna nyumputkeun adina, bari ngancam :"Kalau ente sembunyiin adik 
ana, ente bisa dibunuh". Nu terang tradisi Urang Arab katurunan 
didieu, pasti ngartos, urang Arab katurunan sok dijodokeun ku 
kolotna, jeung "lumayan" hukumanana lamun ngalawan kahayang kulawarga 
gedena.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sigana mah, bisa bae ieu obrolan teh ngamalir jadi "ngahapus 
kaidentikan
> Islam jeung Arab". Yen ajaran Islam nu sampurna teh diturunkeunana 
di arab,
> ieu hiji kanyataan, jeung tangtu aya sabab musababna pangna 
pangeran milih
> eta tempat/bangsa. Tapi, aya anggapan nu salah di sabagian urang, 
boh nu
> muslim atawa nu henteu, boh di Indonesia atawa saalam dunya, yen 
Islam teh
> identik jeung Arab. Jadi we, misalna, ceuk karikaturis Denmark mah 
Muhammad
> teh kieu, kieu, kieu, kieu... dipapantes jeung
> watek/kabiasaan/stereotip/isu2 anu keur haneut ngeunaan urang Arab.
> 
> Aduh, punten ah... Mangga dilajeng...
> 
> Permios...
> 
> jk
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke