Wilujeung Siang Mang Jamal... Reueus Abdi mah Mang...mireng yen rayi Mang Jamal (leres rayi kitu, bilih Abdi lepat...??!!) dicalonkeun janten Presiden KM ITB, sok lah diduakeun mudah-mudahan sing 'goal'. Punten wiat cariosan we ka tuang rayi, jantenkeun deui Kemahasiswaan ITB teh minangka 'agent of change' pikeun kahirupan rahayat anu madani...boh rahayat di lingkungan kampus, masyarakat sabuder, atanapi sa-lemah cai...
Nanging masalah akademikna oge tong dilalaworakeun. Harita, basa Abdi masih ngiringan kagiatan di KM ITB, kaleresan Presidenna teh senior Abdi di jurusan Teknik Kimia. Mung hanjakal, anjeunna teu tiasa namatkeun SarMud-na margi aya sababaraha mata kuliah anu tacan lulus. Antukna anjeunna di-DO, ayeuna neraskeun kuliahna teh di Teknik Kimia UNJANI. Jigana mah Mang Jamal oge 'mantan' ketua himpunan senirupa sareng desain ITB nyaa...??!! Salam Baktos, Ono Taryono "mj" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected] 03/07/2006 10:39 AM Please respond to [email protected] To [email protected] cc Subject [Urang Sunda] Tukang Kaos for President...! tadi peuting si andiw tukang kaos kusnet tea datang ka rajamantri. ngadon bebeja manehna keur diusulkeun ku unit PSIK jeung himpunana, Geofisika & Meteorologi, jadi calon Presiden Keluarga Mahasiswa ITB 2006-2007. calon nu geus aya 6 urang. peryogi ka uninga, di sakola cap gajah cindeten mah, istilah Ketua BEM atawa ketua senat mahasiswa teh Presiden. nurutan ti senirupa. ketua himpunana ti baheula disebut presiden. hehe. neda pangdu'a ti sadayana. teuing kumaha kahayangna. balik ngangon kanguru dua bulan, ngorbankan 12sks (3 mata kuliah bisa ujian susulan cenah) ayeuna ngadon daptar jadi calon presiden km itb. rek dicaram, da hak manehna. keun bae lah, ari kahayang si kurin ogel anceukna nu sejen mah sakola we- lulus, terus gawe-siga si kuring baheula. ari ieu ngadon ulin bae. anak bungsu tea meureun...punten ka nu bungsu oge...hehe talatah teh kade we maneh ulin kamalinaan, poho kuliah, ke di drop out. insya alloh moal cenah. reueus boga adi nataktak kitu, tapi lolobana mah keuheul nu aya ka si eta teh. mun kapilih teh, urang Gunungcupu, tutugan gunung Syawal Ciamis, aya nu jadi presiden keluarga mahasiswa itb. duka tah, ngurus kaosna -ayeuna tos aya gambar Cepot ti kang Duli make model Che Guevara- bisa terus diurus si eta atawa henteu. mj http://geocities.com/mangjamal [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

