Komentar kuring di handap, Kang Natapraja...

On 2/28/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Kaemutan ku abdi perkawis hiji jawara ieu anu mana saur salah sawios jalmi 
> sepuh dina yuswa sareng ilmu na , saurna kieu,( keun weh teu kedah di pedar 
> saha-saha na mah bilih aya mamala na anu teu di piharep ) , saurna  yen jalmi 
> anu sering di tulis dina buku sajarah nyaeta " Kian Santang " teh lepat, ti 
> ngawitan buku sajarah anu niron tina buku- buku sejen anu terbit sateuacan na 
> tur di pedarkeun deui ku para penulis di sakuliah dunya, dugi ka seu-eur 
> buku-buku sajarah anu ti jaman dugi ka jaman. wireh na nami na teh sanes " 
> Kian Santang " tapi anu leresna mah " Ki Santang " ari alesan anu ringkes na 
> mah anjeuna teh nyangemkeun kieu, dimana aya urang sunda anu pernah make 
> ngaran " Kian " anu aya ge " Ki " nyaeta ngarang salah sahiji "Julukan" ka 
> hiji jalmi anu luhung ku elmu lahir sareng batin na, ari kian tos pada terang 
> yen eta teh tina ngaran cina sapertos, kian bok cheng, kian tekong , kian jo 
> , kian gie , dst, sadengkeun ari jawara anu namina  " Ki Santang " tangtos 
> urang sunda, oge naha anu di sebat " Kian Santang " teh aslina china atanapi 
> sunda aya turunan china  nya.....? !!!!!!duhhhhh.....bingung....milarian ifo 
> deui ahh.....
----
Ceeuk cenah (walah, nilik tina munggaran kalimahna ge, kaciri teu
soheh sumberna, hehe...), sebutanana teh sanes Kian Santang, tapi Kean
Santang. Kecap "Kean" asalna tina "Rakean"
----
>     Ku hal ieu, manawi aya baraya anu tiasa ngabuktoskeun anu sa yakin-yakin 
> na kanggo nambihan kanyaho sim kuring anu nuju di ajar ngemut-ngemut sajarah, 
> supados sim kuring teu ka bobodo, sareng yakin anu mana anu leres, rupina 
> langkung sae upami di tilik na ku ahli kabatinan , anu mana di urang mah 
> gening osok aya anu tiasa nyarios sareng karuhun, tah kumaha upami di taros 
> weh langsung ku kabatinan ka arwah anjeuna saha nami anu aslina teh, ,,,,,( 
> ceuk sim kuring anu bodo ) .
----
Usulan anu sae, namung saha nu tiasa mastikeun yen anu diajak
ngobrol/ditaros teh leres2 nu dimaksud?
----
> waktos ajeuna nerangkeun kitu teh sim kuring na bubudakeun keneh tur nuju  
> teu resep kana sajarah, janten hare-hare bae, meni hanjakal pisan , dasar 
> kaduhung mah tara tiheula, jadi weh sim kuring poekeun kamana milarian sumber 
> anu pasti, manawi aya para wargi anu tiasa ngabantos sim kuring, hatur nuhun 
> sateuacan na.
----
Hanjakal mah tara ti heula nya, Kang... hehe

--
sikandar
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke