Assalamu'alaikum wr wb

Kutan......!!!!!  sanes "kian " nya.......?
beu..beu...beu....atuh  tambih bingung 2x ayeuna mah, tapi naha nya ari dina
buku2 sajarah anu umum bet narulisna "kian" atuh nya...?
anu hiji teu acan ka waler, aya deui anu kedah di pilari ka aslian nana,
mudah2an bae aya salah sawios wargi anu mendakan jalan katerangan anu
langkung eces sareng yakin ka aslian  nana, amiin.

Wassalamu'alaikum wr wb

S M Natapradja

----- Original Message -----
From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, March 07, 2006 9:10 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kian Santang ( nyuhunkeun tulung )


> Komentar kuring di handap, Kang Natapraja...
>
> On 2/28/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >   Kaemutan ku abdi perkawis hiji jawara ieu anu mana saur salah sawios
jalmi sepuh dina yuswa sareng ilmu na , saurna kieu,( keun weh teu kedah di
pedar saha-saha na mah bilih aya mamala na anu teu di piharep ) , saurna
yen jalmi anu sering di tulis dina buku sajarah nyaeta " Kian Santang " teh
lepat, ti ngawitan buku sajarah anu niron tina buku- buku sejen anu terbit
sateuacan na tur di pedarkeun deui ku para penulis di sakuliah dunya, dugi
ka seu-eur buku-buku sajarah anu ti jaman dugi ka jaman. wireh na nami na
teh sanes " Kian Santang " tapi anu leresna mah " Ki Santang " ari alesan
anu ringkes na mah anjeuna teh nyangemkeun kieu, dimana aya urang sunda anu
pernah make ngaran " Kian " anu aya ge " Ki " nyaeta ngarang salah sahiji
"Julukan" ka hiji jalmi anu luhung ku elmu lahir sareng batin na, ari kian
tos pada terang yen eta teh tina ngaran cina sapertos, kian bok cheng, kian
tekong , kian jo , kian gie , dst, sadengkeun ari jawara anu namina  " Ki
Santang " tangtos urang sunda, oge naha anu di sebat " Kian Santang " teh
aslina china atanapi sunda aya turunan china  nya.....?
!!!!!!duhhhhh.....bingung....milarian ifo deui ahh.....
> ----
> Ceeuk cenah (walah, nilik tina munggaran kalimahna ge, kaciri teu
> soheh sumberna, hehe...), sebutanana teh sanes Kian Santang, tapi Kean
> Santang. Kecap "Kean" asalna tina "Rakean"
> ----
> >     Ku hal ieu, manawi aya baraya anu tiasa ngabuktoskeun anu sa
yakin-yakin na kanggo nambihan kanyaho sim kuring anu nuju di ajar
ngemut-ngemut sajarah, supados sim kuring teu ka bobodo, sareng yakin anu
mana anu leres, rupina langkung sae upami di tilik na ku ahli kabatinan ,
anu mana di urang mah gening osok aya anu tiasa nyarios sareng karuhun, tah
kumaha upami di taros weh langsung ku kabatinan ka arwah anjeuna saha nami
anu aslina teh, ,,,,,( ceuk sim kuring anu bodo ) .
> ----
> Usulan anu sae, namung saha nu tiasa mastikeun yen anu diajak
> ngobrol/ditaros teh leres2 nu dimaksud?
> ----
> > waktos ajeuna nerangkeun kitu teh sim kuring na bubudakeun keneh tur
nuju  teu resep kana sajarah, janten hare-hare bae, meni hanjakal pisan ,
dasar kaduhung mah tara tiheula, jadi weh sim kuring poekeun kamana milarian
sumber anu pasti, manawi aya para wargi anu tiasa ngabantos sim kuring,
hatur nuhun sateuacan na.
> ----
> Hanjakal mah tara ti heula nya, Kang... hehe
>
> --
> sikandar
> su.wikipedia.org
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke