Kataji ku bageurna Kang Cecep dina kalimah: "...bari na oge da di
lemburmah moal aya anu belikan, jalembar manah sadayana oge..". Janten
emut yen budaya urang mah mayunkeun sabilulungan sareng gogonjakan. 

Dina nyerat/ngengklokkan di milis ieu teu aya emutan bade
ngajaheutkeun manah anggota no sanes komo deui bade nyapirakeun
kamampuan tur pamadegan nu sanes. Padungdeng nu 'heuras' teh estuning
heuras dina pamadegan wungkul, sanes bade ngaheurasan jalmina. Dina
emutan abdi, padungdeng teh siga dua jalmi ngaboseh kareta uncal dina
rel tea: hiji neken hiji ngajungjung, pami dua2na neken atanapi salah
saurang neken bakal ngablaukarkeun moal maju2-na eta kareta. Atanapi
ngadayung parahu mun sapalih tangtos ngening (basa Kuningan-na muter
hehehe).

Sanaos kitu, abdi teh kalebet enggal di milis ieu. Tangtos dina milis
ieu oge aya ugeran sareng papagon nu disaluyukeun sareng tujuan ieu
milis nu kedah dimumule ku anggotana. Ku kituna, bilih seratan2 abdi
atanapi basa abdi teh henteu sapirig saigelan sareng
ugeran/papagon/tujuan ieu, nuhunkeun dihapunten. Tapi supados
kapayunna henteu deja vu, atuh kedah dibriefing heula abdina siga
kumaha kedahna...

Pomi ulah dianggap pundung ieu teh, mung supados jelas tur merenah
kanggo sadayana..

Baktos
Yudi

--- In [email protected], "Cecep Wahyu" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ih...ieu mah sok ngagarewahkeun wae ateuh..
> keun ateuh ahh.. keur nongton yeuh.. bari na oge da di lemburmah
moal aya anu belikan, jalembar manah sadayana oge..
> kan cenah di lembur mah heureuyna heureuy nu ber bobot ( sanes bobot
dalam arti keureuneuh ) alias nu ngeusi..
> teu langkung eusina naonnaon na mah
>  
> heuheuheu... ngacaprux di lembur bongan di warung keur sepi uey..
>  
> baktos,
> Ule 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke