Kacaritakeun dina jaman tai kotok dilebuan keneh (rarasaan ayeuna oge 
masih dilebuan mun aya tai kotok dina ubin, teh). Aya hiji kulawarga nu 
eusina budak awewe kabeh, opatan (?). Indung bapana geus lila paeh. Si  
bungsu ngarana nyi bungsu rarang (?). Masih lelengohan. Ari 
kaka-kakanamah geus karawin. Malah  geus pisah imah nungturkeun 
salakina. Si bungsu hirup sorangan di imah tinggalan kolotna.

Najan jeung dulur kahirupan si bungsu teh sangsara. Sangsara batin, 
sangsara dunya. Kaka-kakan meni ngeukeuyangan pisan ka si bungsu teh.

Hiji mangsa si bungsu keru nyeuseuh di cigede ningali lauk dina cai nu 
sakitu alusna. Anehna laukteh bet nurut ka si bungsu. Atuh eta lauk teh 
dicokot terus dibawa ka imah jang di ingu. Di ingu di balong di 
pakarangan hareupeun imah.

Beuki lila lauk teh beuki gede dan unggal poe diparaban ku sibungsu. 
Barang lauk geus gede, sagede pingping munding dewasa, meureun. 
Kaka-kakana nyahoeun tulus harayangeun lauk eta, rek di pais. Padahal si 
bungsu mah moal wanieun mais. Da lauk teh geus dianggap batur sorangan.

Najan hayang lauk eta kaka-kakana teu bisa newak da laukna teuleum jero 
di dasar kolam. Sanggeus malikir manehna meunang ide. Nurutan cara si 
bungsu mun ngageroan lauk. Make pantun. (poho pantuna).

Ganjangna carita ahrina lauk teh beunang, di cokot........

Ah..tos heula ah. rek neruskeun pagawean. Engke mung keyeng diteruskeun 
deui. Dongeng ieu aya di buku nu judulna UTARA-UTARAI. Nu ngarangna 
....teuing. poho.


amin mina wrote:

> Sampurasun......
>   
>       Baraya simkuring masih keneh panasaran kana carita rakyat sunda anu 
> judulna sileungli..... tah kaanu terang atanapi uninga dongengna carita ieu 
> mangga dipedar.
>   
>        Saurna dongeng ieu teh asli ti tatar sunda.
>  
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke