Hatur nuhun dongengna Kang, kaleresan pisan eta teh dongeng karesep
abdi kapungkur keur leutik ari bade bobo pun biang sok mangdongengkeun.
Terasna teh ....
Tos diala laukna ku raka-rakana teh teras dipasak, dituang, disesakeun
huluna. Si bungsu mulih ka bumi, duka tos timana hilap deui, manehna
terus ka balong rek maraban lauk, nyauran/nyanyi:"Leungli ... leungli
kadieu ...ieu gabah la la la la la la la la" (dalingdengna mah apal
keneh tapi kata2na hilap deui he he) tapi nu digeroan teh teu aya
nyampeurkeun, teras lebet ka bumi, muka tetenong ari breh teh hulu
lauk, atuh hieng beh ceurik kanyenyerian. Lain diupahan ku lanceukna
teh kalah dicarekan bari diasong-asong titah didahar. Hulu lauk teh ku
si bungsu dikubur hareupeun imah, isukna pecenghul jadi kembang eros
nu kacida endahna.

Bilih lepat hapunten, da eta mah versi pun biang nu kalerasan napel
keneh dina emutan :-)
baktos,
Lies


--- In [email protected], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kacaritakeun dina jaman tai kotok dilebuan keneh (rarasaan ayeuna oge 
> masih dilebuan mun aya tai kotok dina ubin, teh). Aya hiji kulawarga nu 
> eusina budak awewe kabeh, opatan (?). Indung bapana geus lila paeh. Si  
> bungsu ngarana nyi bungsu rarang (?). Masih lelengohan. Ari 
> kaka-kakanamah geus karawin. Malah  geus pisah imah nungturkeun 
> salakina. Si bungsu hirup sorangan di imah tinggalan kolotna.
> 
> Najan jeung dulur kahirupan si bungsu teh sangsara. Sangsara batin, 
> sangsara dunya. Kaka-kakan meni ngeukeuyangan pisan ka si bungsu teh.
> 
> Hiji mangsa si bungsu keru nyeuseuh di cigede ningali lauk dina cai nu 
> sakitu alusna. Anehna laukteh bet nurut ka si bungsu. Atuh eta lauk teh 
> dicokot terus dibawa ka imah jang di ingu. Di ingu di balong di 
> pakarangan hareupeun imah.
> 
> Beuki lila lauk teh beuki gede dan unggal poe diparaban ku sibungsu. 
> Barang lauk geus gede, sagede pingping munding dewasa, meureun. 
> Kaka-kakana nyahoeun tulus harayangeun lauk eta, rek di pais.
Padahal si 
> bungsu mah moal wanieun mais. Da lauk teh geus dianggap batur sorangan.
> 
> Najan hayang lauk eta kaka-kakana teu bisa newak da laukna teuleum jero 
> di dasar kolam. Sanggeus malikir manehna meunang ide. Nurutan cara si 
> bungsu mun ngageroan lauk. Make pantun. (poho pantuna).
> 
> Ganjangna carita ahrina lauk teh beunang, di cokot........
> 
> Ah..tos heula ah. rek neruskeun pagawean. Engke mung keyeng diteruskeun 
> deui. Dongeng ieu aya di buku nu judulna UTARA-UTARAI. Nu ngarangna 
> ....teuing. poho.
> 
> 
> amin mina wrote:
> 
> > Sampurasun......
> >   
> >       Baraya simkuring masih keneh panasaran kana carita rakyat
sunda anu judulna sileungli..... tah kaanu terang atanapi uninga
dongengna carita ieu mangga dipedar.
> >   
> >        Saurna dongeng ieu teh asli ti tatar sunda.
> >  
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke