Ieu mah dongeng perkara Prof.Dr. Edi Sedyawati, Guru Besar Arkeologi UI, mantan Dirjen Kebudayaan, ahli tari, seni sareng sajarah. Kamari DI FIB, anjeunna medalkeun buku "Budaya Indonesia, kajian Arkeologi, seni jeung sajarah". Dina diskusi buku eta teh mucunghul patarosan soal RUU Pornografi & Pornoaksi.
Ceuk ibu Profesor teh, cenah tos 4 kali anjeunna ditaros perkara ieu. Anu pangahirna, diwawancara ku TV Bali. Eta RUU teh cenah, sacara konsep per definisi (pengertian pornografi) tos salah. Akibatna dina pasal-pasalna oge nya saralah atuh. Komo deui atuh engke mun tos diundangkeun, pasal-pasalna bisa disalahtafsirkeun. Contona, sakabeh patung titinggal arkeologi jaman baheula anu bulucun bisa ditafsirkeun porno. Bakating ku keuheul, dina acara "dengar pendapat" jeung DPR, Prof. Edi Sedyawati teh nyarios kieu (keuheul Jawa tea meureun?)," Bapak-bapak yth DPR adalah wakil kami, yang juga menjadi cermin kami juga. Jadi apa yang akan dihasilkan dari Dewan yang terhormat ini juga, hendaknya mencerminkan pikiran kami juga." Duka tah, ngarti heunteu para yang terhormat anggota Dewan teh kana cariosan siga kitu. baktos, mrachmatrawyani --- joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bah, upami aturan eta disalahkeun, kumaha soal > pamakean nartkotik + racun ? > Narkotik jeung sabangsana oge pan sami diharamkeun > teu > beunang dijualbeulikeun, "kecuali" pikeun > pangobatan. > Alat peraga manusa + gambar bulucun ceuk abdi mah > pantes disebut porno upami sanes digunakeun kanggo > "pendidikan" atanapi hal-hal kahadean sanesna; sami > wae sareng narkotik. > Upami aya nu gelo bulucun di jalanan, eta wajar > margi > uteukna teu waras, tapi upami aya jalmi nu > "katingalna" waras tapi bulucun di jalanan atawa > mamawa gambar bulucun di jalanan, tinangtu jadi > patarosan, eta jalma teh waras atanapi henteu ? > > Baktos > Jaka > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

