Leres, kang, ce. Idealnamah kitu. Ari nu dicaritakeun ku kuring mah 
etateh pangalaman wungkul. Samu sareng dongeng sepuhna kang Ule.

Pernah kuring ulin ka kuningan, ka imah babaturan, sampe 
mondok...eh....3 poe. Etamah da ku tuan rumah teh bener-bener di jamu-na 
teh. Pangmeuncitkeun hayam (hayamna dadakan newak. Di tewak rame-rame da 
hese newakna), dadakan ngajabrug lauk make jaring di balong, jrrd. 
Padahal sebagai tamu datang teh teu mawa babawaan, da.



Cecep Wahyu wrote:

>ah teu oge..
>maksakeun teuing nyiksa diri sorangan, maenya wae ngabelaan nganjuk ngahutang 
>kudu ngawulaan tamu.. justru leuwih alus saaya aya.. jadi kanyahoan tamu teh 
>niatna nyaanan silaturahim atawa henteu..
>Emang baheula kantos oge merhatikeun anu jadi indung mani riweuh meun aya tamu 
>jauh teh, sagala istimewa tapi pas kuring nyaho sabagian meunang ngahutang.. 
>langsung diangkut dibalikkeun deui... sorry sorry sajah ceuk abdi teh kanu 
>jadi indung, ayana sakieu nya sakieu wae tong maksakeun..
> 
>Alhamdulillah, ari urang nyuguhanna ikhlas mah teu make istilah tawar gatra 
>atawa naon, sanajan jelema jegud anu datang ngan dipasih ci enteh amis wungkul 
>oge, keukeuh geuningan betah mindeng datang.....
> 
>beginoh...
> 
>heuheuheuheu...punten ah, ngacaprux deui ngan emang teu panuju ari kanu 
>sifatna maksakeun maneh teh.... euweuh mah euweuh wee.. teu kudu ngaya 
>ngaya... ;p
> 
>
>-----Original Message-----
>From: durahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
>Sent: Thursday, March 09, 2006 4:57 AM
>To: [email protected]
>Subject: Re: [Urang Sunda] semah jeung sajabana
>
>
>Duka bener duka henteu ieumah. Cenah semah teh akronim;
>SEMAH=NGAHESEKEUN NU BOGA IMAH
>
>Tapi dipikir-pikirmah aya benerna oge. Ari aya semah teh kolot meni 
>pahibut. Meni sagala di ayakeun. Bisasana nginum make cae herang ari ka 
>semahmah dibeulikeun teh botol dadak meuli ka warung. Biasana dahar 
>saaya-aya ari keur aya semah mah dadakan meuncit hayam. jrrd.
>  
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke