Eeee teh Imas upami teu lepat mah atuh sanes lukut leket kesang namung luut 
leet kesang sareng na oge sawios atuh oge margi eta teh nandakeun parantos 
cucul cucul ngantunkeun dunia hitam he he he ieu mah alesan anu tos huisan 
sapertos sim kuring.
   
  Baktos ah,
  WAG  

salma_imas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  

lulumpatan bari jeung rek dikosewad muru ka babakan, da tos ninggal 
kang syam ngibarkeun bandera.

cape lukut leket kesang, tapi sanes cape kulantaran lulumpatan tapi 
cape kulantaran seri nyakakak bari jeung lami.

dijamin ngaos anu kieu mah moal huisan komo ompong mah.

kang syam ieu teh ngadamelna tadi enjing kitu? paingan cai enteh 
abdi ludes bari jeung abu rokok ngalayah di mana2. sihoreng aya anu 
milarian ide.



imas
punteun tadi replyan abdi kosong..da bari ngawangkong jadi lieur...






--- In [email protected], "salma_imas" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> --- In [email protected], "syam ridwan" <payoez@> wrote:
> >
> > DUET
> > Mangsa keur meujeuhna padedet kumuatan,siaki jeung sinini ngamen 
> dihiji bus way koridor opat jurusan Cibudayut-Rancaoa. Jentrengna 
> sora okulele anu disintreukan kuramo siaki,patembalan jeung 
> barakpakna sora aqua galon anu ditabeuh ku sinini minangka 
> kendangna. Salian jadi juru kendang,tugas sinini ngarangkep jadi 
> vokalis. Dina olah vokal mah sinini teh teu bisa dianggap enteng, 
> mun keur ngahaleuang lagu erock gayana ngaleuwihan laela sari,atuh 
> lengkingan sorana ngaleuwihan candil vokalis grup band seurieus 
tea. 
> Dasar sinini, teu boga kaadeuh, pangrasana keur manggung di 
jakarta 
> covention centre, padahal harita keur aya dijero bus way, bari 
> ngahaleuang, manehna teu daek cicing ijigimbrang kaditu kadieu, 
atuh 
> puguh we panumpang ngilu ruad reod kaditu kadieu. Keur anteng 
> ceuceuleuweungan ngahaleuangkeun lagu "nini juga manusia"  
katingali 
> sabagean panumpang loba nu mempetan irungna,lain bau lantaran 
kelek 
> sinini teu make rexona roll on, tapi lantaran isuk isuk sinini tas 
> ngagedag sangu pleus hulu peda ditambah peuteuy erep dua papan.
> > 
> > Beda jeung pangamen lainna,pangamen duet nini-aki mah bisa 
request 
> lagu,mun nek mundut lagu para panumpang tinggal ngacung tur 
> nyebutkeun lagu naon anu dipundutna. Atuh mun mundut lagu bari 
> hayang diimplik implikan ku sunggal senggol diantara sasama 
> panumpang, tinggal ngasongkeun catetanana bari diselapan duit 
jeger 
> gobanan. Soal tarip,siaki teu masang tarip resmi, estu saridona, 
> ngan mun kaparengan nu dipenta keur suwung receh, siaki rikat 
> ngasongkeun gesekan kartu kredit kalayan bisa transaksi auto debet 
> lewat kartu atm. Mun nu dipenta katingalina ngaharib harib 
> kabeungeut koruptor, siaki ngaharewos bari ngasongkeun nomer 
> rekening, transfer we cenah itung itung money loundring.
> > 
> > Samemeh breng manggung, saperti biasa siaki sok biantara heula 
> minangka bubuka. "Haturan baraya, wilujeng patepang deui sareng 
> pangamen cunihin,teu hilap ngahaturkeun nuhun ka apih supir sareng 
> om konektur anu tos masihan padamelan ka siaki,atuh sateuacana 
neda 
> sihapunten boh bilih aya nu 
> kadupak,kababuk,kajejek,katoel,kaeleketek,kasintreuk,kajiwir 
> kumisna,kagareuwahkeun nundutanana tur ngalamunna,sakali deui 
> hapunten anu kasuhun!" Sabada nepikeun bubuka siaki mere kode ka 
> sinini pertanda lagu "sapatu butut" anu mangrupakeun lagu 
kabangsaan 
> pangamen mimiti  dihaleuangkeun. Rengse ngahaleuangkeun lagu 
wajib, 
> satengah ngagorowok siaki nalek kapara panumpang. "Nu bade request 
> lagu silahkan!" Atuh berenyek teh ampir kabeh ngaracung."Sabar 
> saderek sabar! Oh muhun lagu linkin park sumangga! Naon deui? 
> Persiden jujur ? Ah maenya, aya oge Radja jujur,Sok naon deui ? 
> Kulan? Kirang jelas! Oh tilil kombinasi...mangga! Tah kumargi 
seueur 
> teuing pamundut aya kana ratusna, meh adil kumaha mun siaki jeung 
> sinini duet dina judul euis...sok prung ah !" 
> > 
> > 
> > Aki    :Nini...yeuh dangukeun heula..
> > 
> > Nini   :Pihatur naon anu di seja.
> > 
> > Aki    :Hayu urang kakawihan.
> > 
> > Nini   :Kawih pangdugining ati
> > 
> >  
> > 
> > Aki    :Nini...ke antosan heula
> > 
> > Nini   :Aeh aeh saha eta
> > 
> > Aki    :Aki....sobat nu baheula
> > 
> > Nini   :Euleuh euleuh saur saur saha
> > 
> > Aki    :Euis eh nini teuing ku lucuna
> > 
> > Nini   :Idih idih paribasa
> > 
> > Aki    :Estu ku matak kayungyun 
> > 
> > Nini   :Ah pameget eta mah biasa
> > 
> > Aki    :Aduh euis aduh aduh nini
> > 
> > Nini   :Ibu apa,Ieu geura
> > 
> > Aki    :euis
> > 
> > Nini   :Ieu aya aki aki,Nu ngangken tresna ku ngararewa
> > 
> > Aki    :Aduh  euis aduh aduh nini
> > 
> > Nini   :Estu ku seueur gogoda
> > 
> > Aki    :euis
> > 
> > Nini   :Nu jangkung jalmina,Badag etana,Sesah hilapna
> > 
> > Aki    :Aduh euis aduh aduh  ( Tobaaaattttt)
> > 
> > SR
> > 
> >  
> > 
> > 
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Organizational culture assessment   Jewish 
culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke