Wilujueng enjing kang akhmad damang?

muhunya abdi lepat, saur sepu oge kolot kalapa..makin kolot makin 
ngajadi..
ari perkawis dunia mah..aya dunia hideng sareng dunia bodas. duanana 
kedah saimbang sanes kitu?

hitam putih tea nya kang hehehheh



imas



--- In [email protected], Akhmad Gunawan 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Eeee teh Imas upami teu lepat mah atuh sanes lukut leket kesang 
namung luut leet kesang sareng na oge sawios atuh oge margi eta teh 
nandakeun parantos cucul cucul ngantunkeun dunia hitam he he he ieu 
mah alesan anu tos huisan sapertos sim kuring.
>    
>   Baktos ah,
>   WAG  
> 
> salma_imas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   
> 
> lulumpatan bari jeung rek dikosewad muru ka babakan, da tos 
ninggal 
> kang syam ngibarkeun bandera.
> 
> cape lukut leket kesang, tapi sanes cape kulantaran lulumpatan 
tapi 
> cape kulantaran seri nyakakak bari jeung lami.
> 
> dijamin ngaos anu kieu mah moal huisan komo ompong mah.
> 
> kang syam ieu teh ngadamelna tadi enjing kitu? paingan cai enteh 
> abdi ludes bari jeung abu rokok ngalayah di mana2. sihoreng aya 
anu 
> milarian ide.
> 
> 
> 
> imas
> punteun tadi replyan abdi kosong..da bari ngawangkong jadi lieur...
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "salma_imas" <salma_imas@> 
> wrote:
> >
> > --- In [email protected], "syam ridwan" <payoez@> wrote:
> > >
> > > DUET
> > > Mangsa keur meujeuhna padedet kumuatan,siaki jeung sinini 
ngamen 
> > dihiji bus way koridor opat jurusan Cibudayut-Rancaoa. 
Jentrengna 
> > sora okulele anu disintreukan kuramo siaki,patembalan jeung 
> > barakpakna sora aqua galon anu ditabeuh ku sinini minangka 
> > kendangna. Salian jadi juru kendang,tugas sinini ngarangkep jadi 
> > vokalis. Dina olah vokal mah sinini teh teu bisa dianggap 
enteng, 
> > mun keur ngahaleuang lagu erock gayana ngaleuwihan laela 
sari,atuh 
> > lengkingan sorana ngaleuwihan candil vokalis grup band seurieus 
> tea. 
> > Dasar sinini, teu boga kaadeuh, pangrasana keur manggung di 
> jakarta 
> > covention centre, padahal harita keur aya dijero bus way, bari 
> > ngahaleuang, manehna teu daek cicing ijigimbrang kaditu kadieu, 
> atuh 
> > puguh we panumpang ngilu ruad reod kaditu kadieu. Keur anteng 
> > ceuceuleuweungan ngahaleuangkeun lagu "nini juga manusia"  
> katingali 
> > sabagean panumpang loba nu mempetan irungna,lain bau lantaran 
> kelek 
> > sinini teu make rexona roll on, tapi lantaran isuk isuk sinini 
tas 
> > ngagedag sangu pleus hulu peda ditambah peuteuy erep dua papan.
> > > 
> > > Beda jeung pangamen lainna,pangamen duet nini-aki mah bisa 
> request 
> > lagu,mun nek mundut lagu para panumpang tinggal ngacung tur 
> > nyebutkeun lagu naon anu dipundutna. Atuh mun mundut lagu bari 
> > hayang diimplik implikan ku sunggal senggol diantara sasama 
> > panumpang, tinggal ngasongkeun catetanana bari diselapan duit 
> jeger 
> > gobanan. Soal tarip,siaki teu masang tarip resmi, estu saridona, 
> > ngan mun kaparengan nu dipenta keur suwung receh, siaki rikat 
> > ngasongkeun gesekan kartu kredit kalayan bisa transaksi auto 
debet 
> > lewat kartu atm. Mun nu dipenta katingalina ngaharib harib 
> > kabeungeut koruptor, siaki ngaharewos bari ngasongkeun nomer 
> > rekening, transfer we cenah itung itung money loundring.
> > > 
> > > Samemeh breng manggung, saperti biasa siaki sok biantara heula 
> > minangka bubuka. "Haturan baraya, wilujeng patepang deui sareng 
> > pangamen cunihin,teu hilap ngahaturkeun nuhun ka apih supir 
sareng 
> > om konektur anu tos masihan padamelan ka siaki,atuh sateuacana 
> neda 
> > sihapunten boh bilih aya nu 
> > kadupak,kababuk,kajejek,katoel,kaeleketek,kasintreuk,kajiwir 
> > kumisna,kagareuwahkeun nundutanana tur ngalamunna,sakali deui 
> > hapunten anu kasuhun!" Sabada nepikeun bubuka siaki mere kode ka 
> > sinini pertanda lagu "sapatu butut" anu mangrupakeun lagu 
> kabangsaan 
> > pangamen mimiti  dihaleuangkeun. Rengse ngahaleuangkeun lagu 
> wajib, 
> > satengah ngagorowok siaki nalek kapara panumpang. "Nu bade 
request 
> > lagu silahkan!" Atuh berenyek teh ampir kabeh ngaracung."Sabar 
> > saderek sabar! Oh muhun lagu linkin park sumangga! Naon deui? 
> > Persiden jujur ? Ah maenya, aya oge Radja jujur,Sok naon deui ? 
> > Kulan? Kirang jelas! Oh tilil kombinasi...mangga! Tah kumargi 
> seueur 
> > teuing pamundut aya kana ratusna, meh adil kumaha mun siaki 
jeung 
> > sinini duet dina judul euis...sok prung ah !" 
> > > 
> > > 
> > > Aki    :Nini...yeuh dangukeun heula..
> > > 
> > > Nini   :Pihatur naon anu di seja.
> > > 
> > > Aki    :Hayu urang kakawihan.
> > > 
> > > Nini   :Kawih pangdugining ati
> > > 
> > >  
> > > 
> > > Aki    :Nini...ke antosan heula
> > > 
> > > Nini   :Aeh aeh saha eta
> > > 
> > > Aki    :Aki....sobat nu baheula
> > > 
> > > Nini   :Euleuh euleuh saur saur saha
> > > 
> > > Aki    :Euis eh nini teuing ku lucuna
> > > 
> > > Nini   :Idih idih paribasa
> > > 
> > > Aki    :Estu ku matak kayungyun 
> > > 
> > > Nini   :Ah pameget eta mah biasa
> > > 
> > > Aki    :Aduh euis aduh aduh nini
> > > 
> > > Nini   :Ibu apa,Ieu geura
> > > 
> > > Aki    :euis
> > > 
> > > Nini   :Ieu aya aki aki,Nu ngangken tresna ku ngararewa
> > > 
> > > Aki    :Aduh  euis aduh aduh nini
> > > 
> > > Nini   :Estu ku seueur gogoda
> > > 
> > > Aki    :euis
> > > 
> > > Nini   :Nu jangkung jalmina,Badag etana,Sesah hilapna
> > > 
> > > Aki    :Aduh euis aduh aduh  ( Tobaaaattttt)
> > > 
> > > SR
> > > 
> > >  
> > > 
> > > 
> > > [Non-text portions of this message have been removed]
> > >
> >
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of china   
Organizational culture     Organizational culture change   
Organizational culture assessment   Jewish culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke