Euleuh-euleuh.... ngagondang... mani waas,
asa emut waktos sakola kapungkur kaleresan kuring ngiring gogondangan di
TMII , sumuhun kitu pisan silih gonjakan antara barudak pameget sareng
barudak istri.
Anu emut keneh haleuangna dina gondang eta teh mung kausilan jajaka ka
wanoja na  (nya sami wae panginten sareng jaman ayeuna jajaka anu sok iseng
nyauran wanoja), upami teu lepat mah kieu :

aya wanoja ngalangkung ka payuneun sakelompok jajaka, teras diheureuyan :
neng .... neng ... neng......
waktos wanoja ngalieuk para jajaka bari api-api ningali kamana wae neraskeun
haleuangna:
sora lonceng ....(teras ditembal ku kacapi)  atuh wanoja teh keuheul ....

ari wanoja nu sanes ngalangkung, haleuangna :
Nyi...nyi...nyi......
nyiruan..tuh  (ditembal ku kacapi deui)

aya deui nu ngalangkung dihaleuangan :
Aduh...... lucu persis peragawa ........
teu...... ah ......

Teras para wanoja anu diheureuyan teh ngambek malik nyarekan jajaka, tapi
kuring hilap deui kalimatna, mung upami diemut-emut mah lucu oge.... sami
eta ge lengkep parantina da halu sareng lisungna ngahaja mekel malihmah
lisungna oge lisung nu tos butut.

baktosna,
pun emme



----- Original Message -----
From: "Aj Kusnet" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, March 08, 2006 11:50 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngagondang


Ha ha... Kayungyun Kang Tito mah... Tapi biasana mah tara disebut  (atawa
tara make) baju kampret, tapi baju pangsi... Biasana baju pangsi  teh rupana
hideung, jeung euweuh kancingan...

  Beh dituna mah dina ngagondang teh sok aya lisung di tengah panggung, teu
tinggaleun haluna...

  Satutasna lagu anu 'dihaleuangkeun' ku Kang Tito, anu wirahmana  dinamis,
terus eureun sakedapan, dituluykeun kana lagu anu wirahmana  rada ancad
laer, saperti kieu:

  Para jakaka:
  Kersa milih ka kuring jajaka kota, duh gagah perkasa, banyak harta.

  Para wanoja:
  Teu percaya, rayuan pemuda, pemuda jaman sekarang, bicara sembarang
gampang, katanya abang sayang, bersumpah abang cinta, padahal matanya  mata
kranjang

  Para jajaka:
  Duuuuhhh, teungteuingeun nampik teh sapajodogan, walau dinda tidak cinta,
di hati tetap terbayang

  Aya bagian saterusna, kitu bae patembalan. Ti dinya, balik deui kana
wirahma dinamis tea:

  Solale solale wa uwa uwa eng...


  AJ


Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          baraya...masih aya kitu
kasenian maen gondang atawa kaulinan urang lembur..
  sok inget mun nyoréang katukang basa keur SMA mun 17-an di kampung sok
  manggung maén calung, gondang atawa kaulinan urang lembur.
  tah mun ngagondang téh 8 urang, wanoja 4 urang bari dikabaya jeung
disamping
  satengah bitis bari nutuan lisung atuh lalakina 4 urang make iket, baju
  kamprét nyoléndang sarung.
  (harita mah teu aya band, dangdut, estuning ngagambarkeun ciri khas urang
  lembur).
  malah masih aya nu napel kakawihan teh jiga kieu :
  neng nong neng ja
  toroktok embé jangotan
  pa kuwu kariaan
  kejona kejo gadung
  laukna lauk bilatung
  tangtung bedog rumpung
  tong tang bedog rompang
  het het embé jangotan
  kélék monyét héhéotan....
  (duka naon tah maksudna kakawihan téh)..
  cag ah....




    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




          SPONSORED LINKS
                                                        Corporate culture
Business culture of china
Organizational culture
Organizational culture change
Organizational culture assessment
Jewish culture

---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS


    Visit your group "urangsunda" on the web.

    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]

    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


---------------------------------





---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke