aduh hatur nuhun pisan.... ditambihan elmu bahasa sunda na ku
akang..sanaos rada telat oge abdi kangge ngemut na, maklum jalmi bodo...


--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk rarasaan kuring mah anu kaasup basa dusun teh nyaeta:'kanggo'
jadi 'kangge', sarta 'minggu' jadi 'minggon'... 
>   
>   Ari 'pribadi' jeung 'pribados' teh naha bener saharti jeung sarua
 larapananan? Naha kecap 'pribados' dina kalimah basa lemes kieu: 
"Pribados atas nami kulawargi Mang Engkos...", bisa diganti ku 
'pribadi' dina basa ngoko (mun tea mah 'pribados' lain  basa dusun)?
Ceuk kuring mah kecap 'pribadi' panceg dina conto kalimah  kieu:
"Kuring pribadi teu panuju kana pamadegan sarupa kitu...". Tuh 
geuning 'pribadi' jeung 'pribados' teh teu saharti... BTW, 'satuju'
atawa 'panuju' seeehhh... Ah, diganti we kalimahna jadi kieu: "Kuring
 pribadi teu sapagodos jeung pamadegan sarupa kitu..." ('satuju' jadi
 'sapagodos', 'kana' jadi 'jeung'... Tapi tangtu 'satuju' atawa
'panuju'  teh teu saharti jeung 'sapagodos'... 'Sapagodos' mah
resistansi-na leuwih hampang...)
>   
>   Tapi (oge) asana mah 'pribados' teh kaasup basa dusun (jeung salah
 larapan)... Kalimah di luhur asa leuwih ngeunah lamun siga kieu: "Sim
 kuring atas nami kulawargi Mang Engkos...". Jadi kecap 'pribados' teh
 teu diperlukeun dina Basa Sunda... (Lakadalah... wawanianan kieu si 
AJ...! Tapi da kitu kuduna, basa dusun teh teu diperlukeun...)
>   
>   'Sim kuring' ceuk kuring mah kaasup basa lemes, bisa ngaganti
kecap  'abdi' pikeun nu ngarasa beurat ngagunakeun kecap 'abdi' (sabab
kecap  'abdi' ngahandapkeun teuing dirina, popoyongkodan teuing pikeun
dirina,  sanajan teu kabeh US sapagodos jeung sikep kaya kieu), tapi
aya oge nu  mucunghulkeun kecap 'sim abdi' (anu ceuk kuring mah basa
dusun) pikeun  ngaganti 'sim kuring'. Di sagigireun eta, aya nu
ngaganti 'sim kuring'  jadi 'si kuring' anu karasana henteu lemes
atawa ngoko, siger tengah  meureun, pas bujal (punten ah... da sering
ningal di jalan ayeuna mah  geuning) he he...
>   
>   'Abdi', taya lian hartina iwal ti 'abid' (Arab, nyanyahoanan yeuh)
 'budak' (Indonesia), 'hamba sahaya' (Indonesia). Kukituna, teu aneh 
lamun 'abdi' dina Basa Sunda teh papadananana 'saya' dina Bahasa 
Indonesia, anu asalna tina 'sahaya', 'budak' (Indonesia) tea... Nya 
pantes bae lamun Iwan Fals tara ngagunakeun kecap 'saya', tapi
'aku'...  Tapi, kapan 'aku' mah asalna ti wetan... Tapi keun bae ah,
da Iwan Fals  oge lain Bandung pituin... (naha jadi ka dieu na
nyaritana...!!??)
>   
>   'Taya lian' teh asalna tina kalimah 'teu aya lian' anu sok
dilemeskeun  jadi 'teu aya sanes'... Tah tah tah... Kuring panuju
lamun 'lian' teh  lemesna 'sanes'. 'teu aya sanes' jadi 'teu aya lian'
mah netelakeun  yen, dina lebah dieu mah, basa ngoko teh eleh ku basa
lemes, teu bisa  ngokokeun 'teu aya'... Supaya teu kaciri teuing
elehna, nya (dina basa  ngoko) 'teu aya' teh jadi 'taya'... Licik nya...!!
>   
>   Punten ah ngocoblak...
>   
>   AJ
>   
>   
> 
> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
>   
>   aya kecap2 basa sunda, nu siga basa lemes, tapi mun diilikan,
cenah eta
>   teu lain basa lemes siga dina UUB. sanaojan sami we tujuanana mah,
>   enggoning ngalemeskeun basa.
>   
>   kang Adang S, pangarang sastra sunda -ayeuna pupuhu Caraka
Sundanologi -nu
>   pangsiunan tangtara siliwangi, kantos nerangkeun dina kongress awal2
>   KUSnet, taun 2001an, cenah nu kitu teh basa dusun. hartina, enya
dilelemes
>   tapi teu dina basa sunda baku. nya rada barayana basa sunda nu pikeun
>   budak leutik, basa ogo atawa ngogo.
>   
>   angge acukna, neng...biasa dilarapkeun ka balita kelas A.
>   balita kelas B mah, bawah lima puluh tahun.
>   tuang, dahar, neda, pikeun budak jadi emam.
>   
>   duka tah nu jadi os dihandap kieu lebet ka bsd (basa sunda dusun)
atawa
>   henteu.
>   
>   sanajan =sanaos
>   kaharti=kahartos
>   karasa=karaos
>   pribadi=pribados
>   tongo= tongos...eh salah nu ieu mah.
>   
>   robah hurup:
>   kanggo= kangge
>   minggu= minggon
>   robah=robih
>   
>   
>   
>   mj
>   
>   http://geocities.com/mangjamal
>   
>   
>   
>   
>             
> 
>     Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>     
> 
>                       
> 
>           SPONSORED LINKS    
>                                                         Corporate
culture                                          Business culture of
china                                          Organizational culture
                                                                     
   Organizational culture change                                     
    Organizational culture assessment                                
         Jewish culture                                              
                              
>         
> ---------------------------------
>     YAHOO! GROUPS LINKS  
>   
>       
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>      
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>      
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.  
>   
>       
> ---------------------------------
>   
>   
>           
> 
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail
> Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke