Madura jeung Surabaya, ceuk buku sajarah karangan Graf, baheula keur 
jaman Mataram Sultan Agung, embung taluk, serah sumerah ka Sultan 
Agung. Sultan Agung terus ngirim bala tantara keur numpes nu barontak 
ieu. Tantara nu dikirim ku Sultan Agung teh asalna ti "divisi" 
Sumedang. Dipingpin ku Pangeran Rangga Gede, Madura jeung Surabaya 
bisa ditaklukeun. Pangeran Rangga Gede teh putrana Pangeran Geusan 
Ulun, raja Sumedang ti istrina nu namina Harisbaya. Asal-usul  
Harisbaya, aya sababaraha versi. Aya nu nyebatkeun yen anjeunna teh 
Putri ti Mataram sareng aya oge nu nyebatkeun yen anjeunna teh Putri 
ti Madura. Harisbaya saleresna "hadiah" ti Mataram kanggo Sultan 
Cirebon. Tapi nyaeta, dasar jaman baheula, Putri Harisbaya teh bet 
kasengsem ku Geusan Ulun, nu keur "masantren" di Cirebon. Harisbaya 
diculik dicandak ka Sumedang. Gara-gara istri, hubungan Cirebon jeung 
Sumedang kungsi pagetreng.

Tapi kuring, lain rek nyaritakeun sajarah. Ngan kamari basa ka 
Sumenep, ngaliwat ka kompleks makam-makam sultan Sumenep, Asta Tinggi 
(Astana luhur da tempatna dina mumunggang). Pas ngaliwat, tadina mah 
teu niat eureun, ngan pas ningali plangna, aya tulisan kompleks makam 
Sultan ........RA PANGERAN KORNEL. Kaget aya P. Kornel di Sumenep, 
kuring nitah eureun ka supir. Terus ngajak babaturan asup ka kompleks 
makam-makam Sultan ieu. Maksud teh rek tatanya saha ari P. Kornel di 
Sumenep teh. Tapi kulantaran tempat eta teh tempat jarah, atuh 
kapaksa kuring oge sapertos nu jarah, malah ku kuncen teh ditanya: 
timana, aya maksud jeung kahayang naon. Rada bingung oge nagjawabna, 
untung nu nganteur2 ngajawab ku basa Madura, teuing naon nu 
jawabanana, teu ngarti. Nu penting kuring terang P. Kornel nu di 
Sumenep. Ari pek teh P. Kornel di Sumenep mah teu aya hubunganana 
jeung Pangeran Kornel nu di Sumedang (Pangeran Kusumadinata). Tapi 
aya kasamianana, nyaeta sami-sami gaduh pangkat militer ti Walanda 
(tituler) nyaeta Kolonel. Jadi, jigana mah sami, antara basa Madura 
jeung basa Sunda jaman baheula, kecap Kolonel jadi "Kornel". Pangeran 
Kusumadinata ti Sumedang kenging pangkat Kolonel tituler, kumargi 
mimngpin pasukan di Priangan wetan, keur ngabendung Pasukan 
Diponegoro, bisi asup ka daerah Priangan. Tapi Pangeran Kornel nu di 
Sumenep mah, jigana leuwih kadieunakeun, sabab P. Kusumadinata mah 
sajaman jeung P. Diponegeoro jeung oge Sultan Abdurahman. Ari P. 
Kornel van Sumenep mah turunan katilu ti Sultan Abdurahman.

Waktu rek kaluar ti kompleks makam, kuncen teh ngadoakeun ka kuring 
jeung babaturan, cenah kieu, muga-muga sagala kahayang anjeun, 
sanggeus jarah ka dieu, dikabul ku nu Maha Kawasa. Kuring teh unggeuk-
unggeukan, nganuhunkeun didoakeun, padahal mah.....tadina mah teu 
niat jarah, pedah we aya makam Pangeran Kornel .........

Baktos,
WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke