Di Sumenep aya makam Pangeran Diponegoro, aneh nya? bet beda jeung
palajaran Sajarah waktu urang di SD nu ngariwayatkeun Pangeran Diponogero
teh dibuang ka Sulawesi, malah makamna di Makasar. Makam Pangeran
Diponegoro di Sumenep bener-bener aya, disaungan, jeung tutunggulna
dibulen ku boeh (lawon bodas). Tempatna di Asta Tinggi, di kompleks makam
Sultan-Sultan Sumenep. Makam Pangeran Diponegoro aya diluareun pager
kompleks para Sultan jeung katurunana, tapi ampir nempel kana pager. Ceuk
ki Kuncen eta makam, cenah Pangeran Diponegoro, saentasna ditewak ku
Walanda, teras dicandak ka Sumenep, samemeh dibuang ka Sulawesi Kidul teh,
ku Walanda dititipkeun heula  ka Sultan Abdurahman Van Sumenep. Waktos P.
Diponegoro bade dicandak ku Walanda bade dibuang ka Makasar, ku Sultan, P.
Diponegero teh ditukeuran kunu "palsu". Jadi nu dicandak ku Walanda sareng
teras dibuang ka Makasar mah, P. Diponegoro "palsu". P. Diponegoro anu 
asli tetep tumetep di Sumenep, lamun teu lepat mah namina oge gentos, dugi
ka wafatna. Dimakamkeun di Asta Tinggi, tapi kumargi sanes kulawarga
Sultan, makamna aya diluareun pager.

Kitu cenah P. Diponegoro versi Sumenep mah. Duka mana anu bener .............

Baktos,
WALUYA



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke