Waalaikumsalam Wr.Wb.
Alhamdulilah danget ieu mah si ipeut nuju sehat, kumaha sawangsulna kang Runa
miwah anu sanesna oge daramang..?.
Sanes teu hoyong ngiringan kopdar , perkawis silaturahim mah sae kanggo
manjangkeun yuswa, mung kumaha atuh kahalangan ku jarak sareng ku ongkos...he
he.
Mangga wilujeng kopdar wae, mugia gempungan teh aya hasilna..? tapi aya
patarosan kanggo bahan padungdeng, dupi koprasi teh bentukna sapertos kumaha..?
naha simpan pinjam, usaha atanapi naon wae..? Sareng anggotana saha wae..?
Kumaha carana tiasa ngayakinkeun ka anggota yen ngiring koprasi teh aya
untungna. Malih upami tiasa mah paheula-heula hayang jadi anggota, kitu
patarosan....Hatur nuhun, punten bilih aya anu leupat.
Wassalam
ipeut
Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Kumaha daramang baraya sadayana ? Alhamdulillah upami daramang mah. Bade seja
masihan uleman kasadaya kadang wargi anu dimana wae ayana anu ngagaduhan maksad
kana widang paekonomian kusnet khususna nya urang sunda dina umumna mah, sareng
sami2 hoyong ngamajengkeun paekonomian urang sunda. Oge ieu lengkah
mangrupikeun neraskeun hancaan anu katunda, mangga kanu ngagaduhan waktos tur
tiasa tumaninah diantos pisan kasumpinganana dina :
Dinten : Saptu
Ping : 01 April 2006 atawa ping 2 mulud 1427H
Tabuh : 09.30 WIB dugi ka lekasan
Tempat :
Saung simkuring di caket Terminal Laladon Darmaga, Bogor. Ti baranangsiang
naek 03 lungsur di terminal bubulak naek deui angkot 15 lungsur we di Terminal
Laladon pilari Plang seratan "PACET BAG"
acarana :
- Ngabahas unit bisnisna (proposal bisnisna dina widang warnet anu tos aya
drafna)/draf na tos sayogi.
- Ngabahas kumaha prak-prakan koperasi amanah sunda
salajengna. (ngangkat pangurus inti KAS)
- Ngabereskeun sagala rupi patarosan anu salami ieu aya dina BAKUS.
CP :
runa inawan 0818109410 / 0251628157 (wengi nelepona nya)
Kang Agus Pakusarakan 08128377662
Upami aya anu kirang ngartos mangga kantun naroskeun bae.
Sakitu heula anu kapihatur, diantos pisan kasadayana anu minat kanggo
ngahadiran acara ieu. Hatur nuhun kana sadaya perhatosanana.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Baktos,
Runa Inawan
Bogor, 10 Maret 2006
Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
http://inawan.blogs.friendster.com
::INSAN Gemilang GRAFIKAtex::
Terima Pesanan :
~ Pembuatan Tas Promosi, Tas Sekolah, Koper Haji, Reparasi, Tas Seminar,
berbagai Tas
~ Berbagai Percetakan dan Sablon
Mobile : 0818109410
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish
culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/