Haturan Abah Joe, tos lami tara nganjang ka lembur. Bah perkawis bantuan hukum kanu lemah teh, kuring mah emut ka Ali Sadikin, nu ngiring ngadegkeun LBH, keur melaan rakyat nu kagusur ku .....kawijaksanaan anjeunna nyalira. Jarang aya pamingpin nu jiga kitu, ceuk cohagna mah anjeunna nantang : "koreksi kuring, lamun kuring salah!". LBH keur jaman Ali Sadikin jadi gubernur, kenging subsidi ti Pamarentah DKI. Tapi waktos Bang Ali liren, sagala bantuan ti Pemda DKI dilirenkeun, nu akhirna LBH, ceuk cenah mah, milarian donatur ti nu sanes, kaasup ti LSM di luar Negeri. Katingalina teh ayeuna mah LBH, langkung melaan masalah politik tinimbang rakyat leutik.
Nu kuring sok "nyeri hate" Bah, eta ngawangwang nasib awewe miskin. Ditewak, digusur, dilebetkeun kana treuk, di era-era da disangka ungkluk. Padahal panginten Bah, eta awewe "kaluar peuting" teh, boa aya kaperluan anu penting, balik digawe jrrd. Aturan di Indonesia loba ngorbankeun rahayat leutik nu teu walakaya. Petugas Tamtib moal newak awewe nu make mobil sedan guguluburan, sanajan tengah peuting oge. Sabab sieuneun, bisi salah tewak, boa-boa awewe eta teh putra juragan nu keur kawasa! Keur nu beunghar Bah, teu aya masalah, sanajan dijieun aturan anti pelacuran, anti pornografi jeung aturan nu sejenna. Manehna tinggal ngadirigdig ka Bandara, indit ka Bangkok, Hongkong, Manila jrrd, diditu sagala aya. Tapi nu miskin ..... pira ge neangan tukang baso ti peuting, diluar imah, da lapar balik digawe di pabrik garmen, kapanggih ku petugas Tamtib, ditewak, digusur, disidang, di era-era, dilecehkeun ku petugas.. (kasus ieu kantos kajadian di taun 1980'an di Bandung). Paingan ceuk kolot baheula, teu ngeunah cenah jadi jalma miskin mah .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mangsinggih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sok atuh para SH ngumpul ngadegkeun usaha nu kieu. Ongkos nya > milarian donator. Atawa sadekah, geuning rea Pasantren jeung Rumag > Asuhan Anak YAtim bisa hirup ngurus barudak. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

