Nyakitu di urang mah ari nyarieun palaturan teh ngan saukur samet saunggel aturan wungkul. Nyieunna tara nepi ka kumplit jeung jalan kaluarna tina sagala akibat upama aturan eta dilaksanakeun. Heueuh geura pikir ku urang, lamun wae enya bener eta para PSK anu katangkep teh ( moal nyinggeung masalah salah tewak ah, hate asa nyongkab ). Saenggeus katewak rek dikumahakeun?. Cukup didengda?. Cukup dikurung dua tilu bulan ?( bari dicunihinan ku nu narewakna).Komo lamun ngan saukur dicatet tuluy dikaluarkeun deui mah.Pan kateuteu ari. Sakuduna eta para PSK teh saenggeus di "tewak" tuluy didata, terus dianalisa ku para ahli sosial, kunaon sababna nu ngajadikeun maranehna jadi PSK. Mun geus dianalisa diteang kumaha jalan kaluarna sangkan teu jadi PSK deui. Keur kuring mah sok jadi pertanyaan ,keur naon tujuan eta Perda teh dijieun. Naha bisa kitu ngaleungitkeun PSK kujalan ngan saukur ditangkep tuluy didengda terus dikerem , upama teu bisa mayar dengda, tuluy dileupaskeun deui ?. Naha Perda ieu teh dijieun tujuannana keur neangan pemasukan PAD ? atawa niatna rek bener-bener ngaleungitkeun PSK ?. Kuring mah jadi inget sababaraha taun katukang. Di Jakarta aya komplek palacuran anu di ubrak abrik , malah cenah didinya teh ayeuna dijieun Islamic Centre. Dimana tateh di Bongkaran atawa Kramat tunggak ? . Tah waktu harita keur gencar2na dibuburak , para PSK teh sabenerna lain jadi euweuh, tapi pindah lokasi keur tempat gawena. Malah jadi nyumebar kamamana, malah rea anu pindah nepi ka daerah Bintaro. Ti saprak harita di daerah Bintaro anu arah ka Ciputat, tepatna di jembatan tol BSD-Pondok Indah mun ngaliwat bada magrib kadinya, teuing sabaraha welas urang PSK anu neangan mangsa lalaki irung welang.Anu samemehna tempat anu di Jakarta diubrak abrik mah teu aya tah. Kitu deui ku ayana Perda ttg pelacuran bari ngan saukur ngabuburak wungkul dina hakekatna mah ngan saukur mindahkeun tempat gawe maranehannana. Mun tea mah di Kota Tangerang nepi kabebasna tina PSK, mungkin di daerah BSD malah jadi nambahan.Da nyakitu tea, lain ngaleungitkeun masalah anu sabenarna ti para PSK eta.Padahal masalah PSK teh kaasup masalah sosial anu diatur dina UUD 45 Kuduna mah aya atuh anggaran keur ngabinana. Conto lain ,dimana para birokrat atawa pamegang amanat ra'yat paling ngababarikeun kana sagala rupana bari jeung teu tuntas dina gawena. Mengenai slogan anu dipake ku masing masing daerah. Misalna Bandung BERHIBER, Kota Bogor BERIMAN. Dina kanyataannana?. Di Bandung runtah dimana-mana. di Bogor pajabatna rea nu korupsi. Jadi antukna mah munafik tah eta slogan teh. Kuring mah mun enya diparengkeun jadi walikota kota X misalna rek ngusulkeun sloganna teh BERHITUT ( BERsih Rapih HIjau Tertib UtamaTaqwa). Sugan ari kapondokanna goreng mah dina kanyataanna jadi alus. Nepi kamana nya duit pajak anu dicokot unggal usik ti ra'yat teh, ari masalah sosial sarupa kitu wae nepi kadipopohokeun. Encan masalah anak jalanan jrrd. Cag ah ngocoblakna , cape Wassalam Dudi Asgar
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan Abah Joe, tos lami tara nganjang ka lembur. Bah perkawis bantuan hukum kanu lemah teh, kuring mah emut ka Ali Sadikin, nu ngiring ngadegkeun LBH, keur melaan rakyat nu kagusur ku .....kawijaksanaan anjeunna nyalira. Jarang aya pamingpin nu jiga kitu, ceuk cohagna mah anjeunna nantang : "koreksi kuring, lamun kuring salah!". LBH keur jaman Ali Sadikin jadi gubernur, kenging subsidi ti Pamarentah DKI. Tapi waktos Bang Ali liren, sagala bantuan ti Pemda DKI dilirenkeun, nu akhirna LBH, ceuk cenah mah, milarian donatur ti nu sanes, kaasup ti LSM di luar Negeri. Katingalina teh ayeuna mah LBH, langkung melaan masalah politik tinimbang rakyat leutik. Nu kuring sok "nyeri hate" Bah, eta ngawangwang nasib awewe miskin. Ditewak, digusur, dilebetkeun kana treuk, di era-era da disangka ungkluk. Padahal panginten Bah, eta awewe "kaluar peuting" teh, boa aya kaperluan anu penting, balik digawe jrrd. Aturan di Indonesia loba ngorbankeun rahayat leutik nu teu walakaya. Petugas Tamtib moal newak awewe nu make mobil sedan guguluburan, sanajan tengah peuting oge. Sabab sieuneun, bisi salah tewak, boa-boa awewe eta teh putra juragan nu keur kawasa! Keur nu beunghar Bah, teu aya masalah, sanajan dijieun aturan anti pelacuran, anti pornografi jeung aturan nu sejenna. Manehna tinggal ngadirigdig ka Bandara, indit ka Bangkok, Hongkong, Manila jrrd, diditu sagala aya. Tapi nu miskin ..... pira ge neangan tukang baso ti peuting, diluar imah, da lapar balik digawe di pabrik garmen, kapanggih ku petugas Tamtib, ditewak, digusur, disidang, di era-era, dilecehkeun ku petugas.. (kasus ieu kantos kajadian di taun 1980'an di Bandung). Paingan ceuk kolot baheula, teu ngeunah cenah jadi jalma miskin mah .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mangsinggih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sok atuh para SH ngumpul ngadegkeun usaha nu kieu. Ongkos nya > milarian donator. Atawa sadekah, geuning rea Pasantren jeung Rumag > Asuhan Anak YAtim bisa hirup ngurus barudak. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses! [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

