Haturnuhun Kang Taji, Muhun sami da abdi oge henteu mung nyempitekuen ka seni udaya teh. Nu ditaros ku abdi teh nilei antar budaya; sabab niley teh hal nu nunjukkeun tur ngadasaran hiji budaya. Ku ningali niley ieu, urang bakal tiasa ngabandingkeun luhung henteuna hiji budaya dibanding budaya nu sejenna. Langkun ti eta, niley oge tiasa dijantenkeun garis benang beureum nu ngahubungkeun agama jeung budaya. Janten abdi mah ti kamari oge henteu nyarioskeun bentuk2 budaya. Contona, budaya urang Sunda jeung budaya urang China bisa dianggap sami2 munjulkeun kasopanan dina cara sasalaman. Upami dina teknologi, naon sababna sanajan elmu kimia geus mulai maju tapi bom nuklir teu kapanggih, ieu tangtosna aya pakuat-pakait sareng nilei hiji peradaban dina ningali manusa sejen: musuh atanapi tatangga. Kitu panginten
Kaduana, abdi mah henteu misahkeun agama sareng budaya. Budaya nu pangagungna ayeuna wae (kapitalisme) hasil ngagali tina ajaran hiji agama (protestan ethics). Upami aya nu nyebat agama pisah sareng nu sejen, abdi teu percanten kitu wae. Baktos Yudi --- In [email protected], "Tajimalela" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Yudi nu dipikahormat. > > "...Punten pisan abdi mah teu tiasa nangkep hubungan asal muasal bahasa al Qur'an sareng patarosan ngeunaan kumaha misalna upami aya "niley" nu aya di urang sami sareng "niley" nu aya di budaya sanes.." > > Hapunteun sateuacanana,aya benten persepsi didieu teh, mun ceuk kuring mah naon nu disebat budaya teh sanes tari-tarian,,jaipongan, sastra atanapi kasenian nu sanesna wungkul, tapi sakabeh produk tos didamel atanapi dihasilkeun ku manusa akibat interaksi manusa jeung alamna, misalna matematika,fisika,aeronoutika, jeung nu sanesna kalebet bahasa,salah sahiji contohna nya bahasa dina Al-quran. Janten jelas aya pangaruh alam dina budaya sapopoe,budaya urang tos pasti benten sareng urang amerika atanapi urang arab,nu kaayaan alamna leuwih sesah.Aya nu leuwih punjul urang mah tibatan batur, nyaeta budayana luhur lantaran kaayaan alamna oge subur,upami tos terang kieu nya urang teh kedah leuwih percaya diri, komo US mah. > > Janten antara budaya jeung agama ceuk paribahasa kieu ceunah ! "...upami urang gaduh agama wungkul tapi tidak berbudaya, jiga urang boga jalan balik tapi teu boga imah, tapi mun boga budaya wungkul tapi tidak beragama,urang boga imah tapi teu boga jalan balik,rek balik kasaha?..ka batu,keris atanapi komputer "...hahaha. Jadi manusia mah kudu berbudaya jeung beragama, sami take and give deui. > > Tos heula...ngobrol serius tapi bari heureuy. > > Salam > TM Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

