heu...heu...enya ! ke ah iraha-iraha deui, bari mawa peta bandung meh teu nyasab deui.
-dul- --- In [email protected], "Puspita Widyamulya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jadi we teu nepungan Nyi Randa... > > ~ipup~ > > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > heu..heu...meni pabeulit nya...mana atuh nu bener ? > > > > Nu jelas mah, di Bandung teh ayeuna mah matak lieur. > > rebo kamari, basa tos lalajo pasanggiri pupuh di UPI, nyimpang > > heula ka Cihampelas nganjang kost-an basa keur jaman kokoboyan > > di Gang Bongkaran. Ti dinya, satadina mah rek ka Linggawastu. > > Rarasaan mah ti cihampelas teh mengkol wungkul ka kenca, > > ka Wastukencana, tuluy mengkol deui ge geus nepi. > > Tapi harita mah, ti Cihampelas teh geuning mapay jalan layang tea, > > jol-jol teh geus aya di balubur. > > > > Ti balubur teh balik deui we, mapay2 Unisba, bari luak-lieuk > > sugan aya keneh batagor Mang Oyen, ngan teu nimu. Anjog deui ka > > Wastukencana, tapi kalah ka sa jalur geuning, ahirna mah mapay2 > > jalan merdeka, satadina mah rek muter ka stasion meh liwat ka cicendo. > > tapi teuing ku geus lieur teuing ku salah jalan, da kaweur tea, > > da geus peuting, jalan teh sa-arah wae, jol we ka arah tegal lega. > > Emh...beuki lieur wae .. > > > > komo pulisi ge meni curinghak nempo nu sasab teh... > > > > Sa-jam satengah kukurilingan di kota bandung, ahirna mah > > nimu jalan ka Pasteur, tuluy ngabiur deui balik ka jakarta. > > teu jadi we ka linggawastu teh, da kaburu peuting. > > > > maklum, geus mangtaun-taun jeung bitaun-taun teu nganjang > > ka bandung, padahal baheula mah tukang ulin. > > > > -dul- > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

