Untung abi mah tara lalajo tipi, jarang ketang, bari iklan oge kadang
teu apal.. nepi ka kungsi dipoyok ku salaki.. bae ah

ngeunaan budak nanya patarosan nu can waktuna.. kungsi ta ge alo, tapi
nanya na teh lain ka uing.. nanya ka ninina "Ari bi Eneng sareng Om
Ican teh nanaonan wae di kamar, Ne?" Ninina bingung, untung budakna
teh nanya deui: "Ngobrol?".. "Muhun mun keur hoyong ngobrol mah nya
ngobrol" jawab ninina.. Ari uing dibejaan ku indung kitu, ngelemes
era.. Ta budak geus nanya kitu.. ck ck.. da kadang mun keur duaan ge
jeung salaki.. Budak teh nyeletuk we nyarita... "Deuuhhh bobogohan
waee" cnah..

~ipuP~


--- In [email protected], "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Abdi mah moal masihan cara ngatikan budak, tapi justru bade naros 
> kumaha carana sangkan bisa boga budak.....hehehehe
> Sakapeung kalolot teh aya nu niatna ngatik budak tapi carana salah. 
> Ngan saukur nurutkeun kahayang kolot, tapi bari teu ningali kaayaan 
> budakna. Atawa dina soal umur. Misalna umur sakitu, atikanana kudu 
> nu sasuai jeung umur budakna. Kadang aya kolot, budak nu umur keur 
> meumeujeuhna resep ulin, dicaram teu meunang ulin. Budak teu daek 
> dahar, dipaksa kudu dahar. Budak can waktuna hayang sare dipaksa 
> kudu sare. Kadang aya deuih nu ngadidik budakna keras teuing. Niatna 
> mah enya ngarah budak disiplin jeung sieun. Tapi goreng oge ka 
> budakna jadi singsieuneun. Sakali waktu ka budak teh sina sholat 
> subuh, tapi ari taeun bapakna masih keneh ngarengkol na kasur. 
> Tapi mun ngatikan budak soal lalajo tivi. Sabisa2 we acara tivi na 
> anu pilihan, anu sasuai jang budak. Bari lalajona dibarengan ku 
> kolotna. Da geuning kadang budak teh sok loba tatanya. Jeung supaya 
> aya pangawasan we. Biasana budak leutik mah karesepna palebah iklan, 
> komo nu aya lalaguan mah. Sok sura seuri sorangan.
> Abdi gaduh alo istri kelas 1 SD. Mun kaparengkeun ningali sinetron, 
> pan sok aya cerita percintaan. Eta teh mun ningali nu palebah 
> romantisna sok seuri sorangan bari nutupan mata, atawa ngaleor ka 
> kamar bari era tea. Geus kitu nanya ka bibina....."Apa sih pacar 
> itu?"......hehehehe
> Mun budak nanya pertanyaan anu can waktuna, nu ditanya sok 
> binun....:D
> 
> 
> 
> Neng Iva






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke