Abdi mah moal masihan cara ngatikan budak, tapi justru bade naros 
kumaha carana sangkan bisa boga budak.....hehehehe
Sakapeung kalolot teh aya nu niatna ngatik budak tapi carana salah. 
Ngan saukur nurutkeun kahayang kolot, tapi bari teu ningali kaayaan 
budakna. Atawa dina soal umur. Misalna umur sakitu, atikanana kudu 
nu sasuai jeung umur budakna. Kadang aya kolot, budak nu umur keur 
meumeujeuhna resep ulin, dicaram teu meunang ulin. Budak teu daek 
dahar, dipaksa kudu dahar. Budak can waktuna hayang sare dipaksa 
kudu sare. Kadang aya deuih nu ngadidik budakna keras teuing. Niatna 
mah enya ngarah budak disiplin jeung sieun. Tapi goreng oge ka 
budakna jadi singsieuneun. Sakali waktu ka budak teh sina sholat 
subuh, tapi ari taeun bapakna masih keneh ngarengkol na kasur. 
Tapi mun ngatikan budak soal lalajo tivi. Sabisa2 we acara tivi na 
anu pilihan, anu sasuai jang budak. Bari lalajona dibarengan ku 
kolotna. Da geuning kadang budak teh sok loba tatanya. Jeung supaya 
aya pangawasan we. Biasana budak leutik mah karesepna palebah iklan, 
komo nu aya lalaguan mah. Sok sura seuri sorangan.
Abdi gaduh alo istri kelas 1 SD. Mun kaparengkeun ningali sinetron, 
pan sok aya cerita percintaan. Eta teh mun ningali nu palebah 
romantisna sok seuri sorangan bari nutupan mata, atawa ngaleor ka 
kamar bari era tea. Geus kitu nanya ka bibina....."Apa sih pacar 
itu?"......hehehehe
Mun budak nanya pertanyaan anu can waktuna, nu ditanya sok 
binun....:D



Neng Iva

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hihihi... padahal mah lila keneh, nya? Borojol ge acan... Komo 
sabenerna mah
> kuring teh lain kaasup nu sok nyieun "planning", mimindengna 
mah "kumaha
> engke bae". Tapi da geuning ayeuna ge nu sarupa kitu teh geus
> disanghareupan, nyaeta nalika keur ngahiji jeung alo2 nu keur 
meumeujeuhna,
> barudak umur TK-SMP. Jadi, geregetna mah geus karasa! Heuheu...
> 
> Nuhun ah, nu sanesna diantos...
> 
> jk
> 
> On 3/14/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Hehehe, si Kang Kumi geus rek boga budak euy. Enya
> > Kang Kumi, jiga nu dicaritakeun ku Bah Willy,
> > ngalarang budak molototan TV teh, lain pagawean
> > gampang. Aya dongeng pangalaman pribadi yeuh, perkara
> > per-TV-an teh. Pernah dina mangsa si cikal balita
> > keneh, kuring jeung indung budak ngayakeun gempungan -
> > nurutan anggota dewan - terus nyieun draft rancangan
> > UURT-ASTV (Undang - Undang Rumah Tangga Anti Siaran
> > TV). Hehehe.
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke