Bah Willy... Masyarakat di sabudeureun Blok Cepu ngagaduhan hiji harepan yen ku ayana dioperasikeunnana Blok Cepu tiasa ningkatkeun kasajahteraan rahayat alit, tiasa nambihan lowongan padamelan, tiasa neken harga BBM sangkan stabil jeung rea-rea deui.
Enya susuganan we atuh eta harepan teh sing janten kanyataan. Blok Cepu mah tong nepika jiga kasus-na Freeport nyatana masyarakat di sabudeur teu ngaraoskeun mangfaat nu nyata. Rahayat alit tetep we sangsara.... Abdi oge pami ngemutkeun mung nasionalisme wungkul mah, hoyong eta Blok Cepu teh dioperasikeun ku para 'putra bangsa' tong ku deungeun-deungeun. Nanging pami diemutan deui, nu langkung penting ayeuna kumaha carana eta kakayaan alam teh tiasa dimangfaatkeun pikeun kasajahteraan rahayat Indonesia. Teu paduli dioperasikeun ku para 'putra bangsa' atanapi ku deungeun-deungeun... Da apanan sok sanaos dioperasikeun ku para 'putra bangsa' oge tacan tangtos hasilna kanggo kasajahteraan rahayat Indonesia, nu aya mah kasajahteraan para pajabat nu korup...Aaah ieu mah cenah wee heuheuheu..... Salam Baktos, Ono Taryono "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected] 03/20/2006 08:31 AM Please respond to [email protected] To [email protected] cc Subject "Teu Nyambung" --->Re: [Urang Sunda] usul kuring Perkara "teu nyambung" antara nu "pinter" jeung jalmi biasa teh, tiasa ditingali dina wartos kamari perkawis Exxon tea. Aya sakolompok masyarakat di Jawa Tengah rek ngademo Exxon di "Blok Cepu". Tapi reaksi masyarakat di "Blok Cepu" ( di Bojonegero Jawa Timur saleresna mah sanes di Jawa Tengah) malah sabalikna. Lain ngadukung anu rek ngademo, tapi malah ngambek, ngadenge lokasi-lokasi bor eksplorasi Exxon rek didemo. Langsung nyieun barikade jalan, tatangkalan dirubuhkeun, ngahalangan jalan. Masyarakat didinya taki-taki, aya nu mawa linggis, bambu runcing, paneunggeul, bedog .....rek ngahalangan anu rek demo. Masyarakat "Blok Cepu" geus teu sabar deui, hayang buru- buru minyak nu aya dijero taneuh maranehna teh diala kaluar. Keur maranehna teu jadi masalah rek Exxon atawa rek Pertamina atawa rek saha wae, nu penting minyak bisa diala, nu ceuk pamikir maranehna mah engkena bakal mere kasejahteraan ka masyarakat "Blok Cepu". Di Jakarta jeung di kota-kota ageung sejenna, nu palalinter, ting gorowok, kieu jeung kitu. Tapi rahayat nu "diatas nama" keunana, geuning boga pamandegan anu acan tangtu sarua ........... Baktos, WALUYA [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

