Muhun anu kieu anu teu nyambung tehnya..!
Kumaha damang kang..? eta buah sarikaya karaosan, mani aramis....timana eta meserna..? nuhunnya kang..!
Iraha bade ka dieu deui...? ulah hilap nyandak deui eta sarikaya...he he
ipeut
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> From: "indung peuting" <[EMAIL PROTECTED]>
> Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh pamadegan
> nyalira, wiosnya....
Perkara "teu nyambung" antara nu "pinter" jeung jalmi biasa teh,
tiasa ditingali dina wartos kamari perkawis Exxon tea. Aya sakolompok
masyarakat di Jawa Tengah rek ngademo Exxon di "Blok Cepu". Tapi
reaksi masyarakat di "Blok Cepu" ( di Bojonegero Jawa Timur saleresna
mah sanes di Jawa Tengah) malah sabalikna. Lain ngadukung anu rek
ngademo, tapi malah ngambek, ngadenge lokasi-lokasi bor eksplorasi
Exxon rek didemo. Langsung nyieun barikade jalan, tatangkalan
dirubuhkeun, ngahalangan jalan. Masyarakat didinya taki-taki, aya nu
mawa linggis, bambu runcing, paneunggeul, bedog .....rek ngahalangan
anu rek demo. Masyarakat "Blok Cepu" geus teu sabar deui, hayang buru-
buru minyak nu aya dijero taneuh maranehna teh diala kaluar. Keur
maranehna teu jadi masalah rek Exxon atawa rek Pertamina atawa rek
saha wae, nu penting minyak bisa diala, nu ceuk pamikir maranehna mah
engkena bakal mere kasejahteraan ka masyarakat "Blok Cepu".
Di Jakarta jeung di kota-kota ageung sejenna, nu palalinter, ting
gorowok, kieu jeung kitu. Tapi rahayat nu "diatas nama" keunana,
geuning boga pamandegan anu acan tangtu sarua ...........
Baktos,
WALUYA
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

