Waalaikum salam wr. wb. Kang toni hatur nuhun kana perhartosanana......kang toni ampun paralun teuing kuring teu ngahargaan kanu boga karya sajak kitu deui karya nusanesna......paniatan kuring ti awal gabung ka kusnet teh...nyaeta kuring sok nempoan tutulisan/karya/sajak jeung nusanes makana ayeuna bisa ngawujud www.urang-sunda.or.id nyaeta kuring hayang ngumpulkeun tulisa-tulisan ka web kusnet leuwih detailna tiasa di toong dina piofile.
Upami kang toni merhartoskeun email kuring sataun katukang kuring sok gogorowokan menta tulung supaya dibentuk team jang ngaropea ieu web kusnet kunaon menta tulung rumasa kadieunakeun kasibukan teh nambah anu biasa poe saptu-minggu teh ngaropea web kusnet kadieunakeun kadang teu kagarap. Tapi allhamdulilah geus 2 bulan katukang team geus kabentuk mudah-mudhan team relawan ieu tiasa maksimal kanggo ngaropea web kusnet. Mangga kasadayana wae anu gaduh perhartosan ka web kusnet dihaturanan linggih ka [EMAIL PROTECTED] . Sakali deui nyuhunkeun dihapunten kana kakirangan sim kuring jeung ngartos kana kasibukan kuring....mangga kang diantos di [EMAIL PROTECTED] janten upami aya nanaon tiasa ditaroskeun heula kanu gaduh pancen sareng terang masalahna. Hapunten kana kakiranganana sareng hapunten kanu gaduh karya teu acan kalebtkeun sanes kuring teu ngahargaannya. Hatur nuhun @ERN On 3/20/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Assalamu'alaikum wr.wb., > > Wilujeng enjing kang Eko,kang kumi,kang Rudy sareng kang Dudi.... > to the point ajjah nya he..he.... > bade naroskeun yeuh, sim kuring teh aya patarosan,ayeuna2 ngalongokan > rubrik puisi dina web Urang-sunda.or.id <http://urang-sunda.or.id/> > naha janten sakedik ayeuna mah....diantawisna sasajakan anu kang Budhi > Setiawan,kang Wawan,neng Ani, kang Panzi, > Widzar alghifari(sireum hideung),kang Sarabunis Mubarok,oge kalebet nu > simkuring (aya 13 na pami teu lepat mah nu simkuring wungkul oge), > ayeuna tos teu aya deui dina web Urang-Sunda,naha memang tos teu kaanggo > atanapi kumaha?? > naha teu aya wartos heula geningan pami tos teu di display deui mah, nya > kanggo abdi mah teu nanaon lah, > mung bilih kanggo nusanesna terutami nu kang Sarabunis sareng widzar > algifari,,,gening tos teu aya deui > oge didinya,upami tos teu kaanggo nya atuh tadina mah aya wartos2 atuh > sakedik mah,da najan saalit oge eta teh hasil karya > panginten nya,ari nu abdi nyalira mah eta mah hasil curat-coret sakaeling > wungkul panginten....teu kaanggo mah teu nanaon... > da' rumaos sanes sastrawan he..he... baheula keur sma sok rajeun > ngirim2keun ka majalah rumaja teh,tapi ayeuna mah da' tos heureut panginten > waktos sareng pikiranana oge... > mung kahoyong mah aya wartos we atuh pami dihapus mah, atanapi di > alihkeun....kamari we kaleresan aya nu bade ngalongokan > kadinya ,pek teh da' teu aya cenah.......atuh ngahajakeun ka warnet kuring > teh, pek teh enyaan we geningan he..he.... > jadi atuh kaisinan simkuring teh...... > > Ampun paralun teuing ieu mah sanes protes, mung saukur patarosan...mugia > aya klarifikasina ti anu nyepeng /ngokolakeun eta web... > mugia teu ngajantenkeun rengat manah ku ieu patarosan sim kuring, kitu > deui bilih aya basa nu pondok nyogok panjang nyugak mugia dihaputen > bae...sok bilih ku kirang tata kirang titi na simkuring tos kumawantun..... > > Wassalam, > > -ts- > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

