On 3/20/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Haturan Kang Emod,
>
> Waktu si kuring keur gawe di kantor menLH, patengahan taun 90-an kungsi
> aya padungdengan perkara kumaha carana ngurangan kajadian bancangpakewuh
> kahuruan (bencana kebakaran). Nya tiduna mah rek nyieun sistem mitigasi
> bencana kebakaran tea. Harita, disebut-sebut hiji ahli kebakaran ti itb.
> Anjeunna thesis doktorna (duka S2-na) ngeunaan bab seuneu jeung kahuruan.
> Moal kitu ahli anu disebut-sebut di luhur teh kang Emod Morales ieu? haturan
> Kang.
>
> Upamana nyalahan, lain Kang Emod anu dimaksud teh, nya teu nanaon, teu rek
> mondokkeun ieu jejer. Malah, si kuring meredih ka Kang Emod sangkan geura
> teruskeun ieu jejer bab seuneu jeung kahuruan teh tina siga ilmiah anu geus
> dimimitian dina pedaran mimiti ieu jejer. Peta kitu teh taya lian ku kacida
> pentingna pangaweruh bab seuneu jeung kahuruan. Mitigasi bancang pakewuh
> kahuruan hiji hal anu kacida pentingna, dumasar kana kaayaan budaya bangsa
> urang dina nyanghareupan seuneu jeung pola padumukan masyarakat urang anu
> sakitu padedetna. Sugan wae, tina ieu jejer kapanggih sababaraha hal anu
> bisa ngurangan bancangpakewuh kahuruan jeung cara-cara nyinglarna.
>
> Wilujeng Kang Emod, mangga teraskeun pedaran bab seuneu jeung
> kahuruanana.
>
> baktos,
> manAR
>
>
>  On 3/20/06, emod_morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > KAHURUAN
> >
> > Kahirupan manusa gumantung pisan kana seuneu. Tapi dina tempat jeung
> > jumlah anu teu dipikaharep, seneu jadi ngabahayakeun. Tah ieu nu
> > disebut KAHURUAN.
> >
> > Seuneu gampang ngajadi ( hurung) jeung bisa gancang mencar (
> > ngalentab) kamana-mana. Jeung nyababkeun karugian anu gede lain bae
> > pakaya tapi nyawa manusa. Kusabab eta, bijaksana pisan lamun urang
> > sakabeh  nyegah KAHURUAN saencan kajadian.
> >
> > Kumaha seneu bisa hurung ?
> >
> > Unsur Kimia Seneu
> >
> > Seneu  merlukeun tilu elemen supaya hurung
> >
> > 1.Heat/Panas:  Panas diperlukeun jang naekeun suhu material nepi ka
> > titik hurung
> >
> > 2.Fuel/Bahan Bakar:  Bahan bakar bisa mangrupa teuas, cair atawa
> > gas. Type jeung jumlah bahan bakar bisa nentukeun metode naon anu
> > digunakeun keur mareuman kahuruan.
> >
> > 1.Oxygen/Oksigen:  Seneu bisa hurung dina atmosphere anu ngandung
> > paling saeutik 20% oksigen. Tanpa oksigen, lolobana bahan bakar bisa
> > dipanaskeun nepi ka titik pengapian, tapi moal kaduruk / hurung..
> >
> > Segitilu Seuneu
> >
> > Gabungan tina tilu elemen eta disebut "Segitilu Seuneu", nu
> > ngabalukarkeun reaksi kimia AXOTHERMIC nu disebut SEUNEU.
> >
> > Lamun salah sahiji tina tilu elemen eta leungit / euweuh atawa
> > dicokot, seneu moal kajadian ( hurung ) atawa pareum. Tetekon
> > mareuman seuneu nyaeta ngaleugitkeun salah sahiji atawa leuwih tina
> > eta elemen seuneu.
> >
> >
> > Bagbagan Seuneu dina KAHURUAN
> >
> > Seuneu dikategorikeun jadi sababaraha kelas gumantung tina bahan
> > bakar (banda) anu kadurukna.
> >
> > 1.Seuneu kelas A  Kahuruan bahan padet saperti : kertas, karet, kai,
> > kaen dan palastik.
> >
> > 2.Seuneu kelas B  Kahuruan bahan bakar cair saperti : Bensin, minyak
> > tanah. Seuneu ngan saukur hurung diluhur bahan ieu, sabab oksigen
> > teu bisa asup kajero cairan.
> >
> > 3.Seuneu kelas C  Kahuruan dina paralatan listrik anu masih aya
> > setruman, saperti : perkabelan, motor listrik (Lamun aliran
> > listriknya dipareuman, jadi seuneu kelas A).
> >
> > 4.Seuneu kelas D  Kahuruan logam, saperti : magnesium, titanium atau
> > sodium.
> >
> > Bagbagan ieu diperlukeun pisan dina mareuman seuneu jang nentukeun
> > metoda jeung bahan pamareumna.
> >
> >
> > Alat Pamareum Seuneu
> >
> > Alat pamareum seneu nu umum digunakeun nyaeta:
> >
> > 1. Alat Pemadam Api Ringan (APAR).  / Naonya Sundana..?
> >
> > 2. Interior wet standpipes/hidran. / Naonya Sundana..?
> >
> > Alat Pemadam Api Ringan (APAR) efektif pisan jang mareuman kahuruan
> > leutik. Imah atawa kantor dianjurkeun sahenteuna boga dua APAR.
> >
> > Tah..sakitu heula sim kuring ngacapruk
> >
> > Cag..Ah
> > Emod Morales
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> 
> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke