Teh Tien nu dipihormat, DI dieu aya hiji iklan layanan masarakat nu persis siga seratan teh Tien di handap. Kacarioskeun aya 2 jalmi, nu hiji tohtohan alergi kana politik sanajan nu hiji rajeun ngajak ngomong2 masalah politik. Alesanna teh ya kitu, euweuh pangaruhna ceunah. DIgambarkeun dina iklan eta teh si 'anti politik' bayar tol, ngarhuh naek, dahar di kafe, harga naek. Ceuk nu hijina teh, naha masih keneh yakin politik teu mangaruhan hirup anjeun? ceunah.
Conto di urang panginten nu keur ayeuna rame, freeport tea. Unggal poe saurna ceunah eta pausahaan teh ngeruk 1 miliar dollar sadintenna di taneuh Papua, duka sabaraha lebet ka Indonesiana mah. Tapi kumaha kaayaan rahayatna? Angger we miskin.. Padahal kontrak freeport didamel ku pamingpin urang di Jakarta (saurna Ginanjar Kartasasmita nu ngadamelna teh?), teras operasikeunna urang Amerika. Sigana mah politik teh kersa henteu kersa kedah diperhatoskeun. Pamendak abdi mah pikeun urang mah kumaha milih pamingpin nu leres. Pan pamingpin saur Imam Ali mah nunjukkeun rahayatna. Jadi upami urang gaduh pamingpin curaling, moal boa sabab urang bangsa curaling - pamingpinna munafik meureun pedah urang bangsa munafik. Kokomoan keur abdi nu ngangkenna mah muslim, kabebasan abdi milih teh kedah dipertanggelwalerkeun engke jaganing pageto. Janten keur abdi mah peryogina cacapeannan surat-serat dina widang politik teh sugan we tiasa ngalaereskeun sorangan dina milih pamingpin. EH punten nya kalah ka papanjangan tina beas kana politik, teu nyambung atuh Teh... Baktos Yudi --- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Naha kang Yudi bet elehan.....he he, > Tos dugi kamana eta RUU APP teh, si ipeut mah teu ngabandungan. Sanes teu hoyong terang mung anu janten perhatosan si terteh perkawis beas , eta wae karek terang harga beas geuning tos menjulang tinggi, nyaan....mani ngarenjag..! > > Waktos pun adi ka Sby, naros ...kieu , teh ..!. ari harga beas didieu sabaraha sakilo? di jawab teh paling awis 3000 rupia, anjeula mani olohok oh...didieu mah mirah, ah...rek jualan beas waenya...teu percaya harga beas 3000, si horeng ari ditanyakeun ka warung geus harga 5000 perak...baruk..! mani awis, malihan beas begawan mah 6300 sakilo, Kuring ngahuleng sajongjonan...euleuh kumaha rahayat di lembur..? paingan atuh tos seueur anu busung lapar, beas oge sakitu awisna, ti harita janten hulang-huleng, boro2 resep macaan RUU APP, mikiran beas oge teu masuk akal bet mahal.... > > Janten RUU APP teh tos ngabahayakeun masyarakat...? ceuk pikiran si teteh mah, anu langkung urgen ngabahas kumaha carana rahayat teu busung lapar, di lembur2 pedesaan anu miskin tos sakali sadinten tuang sangu, malih tos tuang gaplek, tuang sesa sangu anu tos di poe, piwatireun. > > Nyaan teu katarik sama sakali padungdengkeun RUU APP teh, da masyarakat upami tos ma'mur mah moal pajeng sarupaning anu berbau porno, sok wae tinggal di nagara tatanggi aya teu UU APP ? asa can ngadangu..... > > Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh pamadegan nyalira, wiosnya.... > > ipeut Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

