Punten kang Yudi, ieu postingan nembe kaaos.......
Titadi ngadeletan, sihoreng aya seratan anu sae. Leres kang politik teh tiasa jahat tiasa sae. Tah Pa Harto oge tiasa mayeng dugi kapuluhan taun janten presiden alatan politik.
PT Freeport teh ulah di tutup duka naon alesanana ..? naha upami di tutup aya pangaruh keur REpublik Indonesia, atanapi kumaha...?
Nyaan kang Yudi janten tertarik oge ku politik, cing numutkeun kang Yudi kumaha saenya masalah Freeport teh....Solusi maksad teh, supados caina herang laukna benang. Buktosna ti kapungkur masalah ieu teu acan beres wae
Kumaha atuhnya...? Anu kabuktosannana mah kalah seueur korban, kamari bentrok mahasiswa sareng aparat keamanan.....tuh, kalah lieurrrrrrrrrr....
ipeut
( masalah Republik Indonesia teh, mani ngahunyudnya..!, kumaha mereskeunnana..????)
Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Tien nu dipihormat,
DI dieu aya hiji iklan layanan masarakat nu persis siga seratan teh
Tien di handap. Kacarioskeun aya 2 jalmi, nu hiji tohtohan alergi kana
politik sanajan nu hiji rajeun ngajak ngomong2 masalah politik.
Alesanna teh ya kitu, euweuh pangaruhna ceunah. DIgambarkeun dina
iklan eta teh si 'anti politik' bayar tol, ngarhuh naek, dahar di
kafe, harga naek. Ceuk nu hijina teh, naha masih keneh yakin politik
teu mangaruhan hirup anjeun? ceunah.
Conto di urang panginten nu keur ayeuna rame, freeport tea. Unggal poe
saurna ceunah eta pausahaan teh ngeruk 1 miliar dollar sadintenna di
taneuh Papua, duka sabaraha lebet ka Indonesiana mah. Tapi kumaha
kaayaan rahayatna? Angger we miskin.. Padahal kontrak freeport didamel
ku pamingpin urang di Jakarta (saurna Ginanjar Kartasasmita nu
ngadamelna teh?), teras operasikeunna urang Amerika.
Sigana mah politik teh kersa henteu kersa kedah diperhatoskeun.
Pamendak abdi mah pikeun urang mah kumaha milih pamingpin nu leres.
Pan pamingpin saur Imam Ali mah nunjukkeun rahayatna. Jadi upami urang
gaduh pamingpin curaling, moal boa sabab urang bangsa curaling -
pamingpinna munafik meureun pedah urang bangsa munafik.
Kokomoan keur abdi nu ngangkenna mah muslim, kabebasan abdi milih teh
kedah dipertanggelwalerkeun engke jaganing pageto. Janten keur abdi
mah peryogina cacapeannan surat-serat dina widang politik teh sugan we
tiasa ngalaereskeun sorangan dina milih pamingpin.
EH punten nya kalah ka papanjangan tina beas kana politik, teu
nyambung atuh Teh...
Baktos
Yudi
--- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Naha kang Yudi bet elehan.....he he,
> Tos dugi kamana eta RUU APP teh, si ipeut mah teu ngabandungan.
Sanes teu hoyong terang mung anu janten perhatosan si terteh perkawis
beas , eta wae karek terang harga beas geuning tos menjulang tinggi,
nyaan....mani ngarenjag..!
>
> Waktos pun adi ka Sby, naros ...kieu , teh ..!. ari harga beas
didieu sabaraha sakilo? di jawab teh paling awis 3000 rupia, anjeula
mani olohok oh...didieu mah mirah, ah...rek jualan beas waenya...teu
percaya harga beas 3000, si horeng ari ditanyakeun ka warung geus
harga 5000 perak...baruk..! mani awis, malihan beas begawan mah 6300
sakilo, Kuring ngahuleng sajongjonan...euleuh kumaha rahayat di
lembur..? paingan atuh tos seueur anu busung lapar, beas oge sakitu
awisna, ti harita janten hulang-huleng, boro2 resep macaan RUU APP,
mikiran beas oge teu masuk akal bet mahal....
>
> Janten RUU APP teh tos ngabahayakeun masyarakat...? ceuk pikiran
si teteh mah, anu langkung urgen ngabahas kumaha carana rahayat teu
busung lapar, di lembur2 pedesaan anu miskin tos sakali sadinten tuang
sangu, malih tos tuang gaplek, tuang sesa sangu anu tos di poe,
piwatireun.
>
> Nyaan teu katarik sama sakali padungdengkeun RUU APP teh, da
masyarakat upami tos ma'mur mah moal pajeng sarupaning anu berbau
porno, sok wae tinggal di nagara tatanggi aya teu UU APP ? asa can
ngadangu.....
>
> Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh pamadegan
nyalira, wiosnya....
>
> ipeut
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

