Kutan kieu rasana ditampik,
hate peurih pikiran baluweng,
gering nangtung hirup ngalanglayung,
...
Kecap kutan nuduhkeun rasa teu biasa ku alatan hiji hal anu munggaran kaalaman. Aya kecap lian anu meh sarua (kukituna sok mindeng pahili makena) jeung kecap kutan teh, nyaeta baruk jeung geuning. Kecap baruk biasana nuduhkeun rasa hookeun anu rada pohara, leuwih pohara tibatan kecap kutan. Kecap geuning ieu mah anu pang basajanna hookeunana teh.
Baruk, silaing nu maling teh..! Teu nyangka sacongo buuk..
Tah geuning kadenge sorana ayeuna mah...
"Kutan kieu rasana ditampik" bisa diganti ku "Baruk kieu rasana ditampik" lamun nyerina rada pohara jeung nyaritana bari ambek, atawa "Kieu geuning rasana ditampik" lamun perkara ditampik teu nyeri teu sing, lucu malah nu aya, he he...
Kecap samanea biasana dilarapkeun pikeun negeskeun hiji perkara anu henteu biasa/ilahar.
1. ... ulah samanea ngobral auratna kajaba anu biasa tembong. (ulah jadi kabiasaan / ulah sangeunahna)
2. ... eta ngaran jeung anu nyieuna henteu samanea. (estu make cara anu anyar, lain cara anu sakumaha ilaharna)
3. Ana disidik-sidik, singhoreng lain hujan samanea. (lain hujan ku alatan mega hideung, ieu mah ku alatan sakadang jurig, hi hi...)
4. dikarangkeng ku sarigsig iga ruh teu bisa samanea ngalayang ngacacang ... (teu bisa bebas)
5. ... nu bogana ge lain jalma samanea. (pasti sakti lah...!)
6. ... sanajan ngan ku heheh tapi hehehna ge teu samanea heheh panganten anyar tea loba hartina heheheh... (duka tah nu ieu mah...)
Punten ah... Ieu mah sakaterang sim kuring... Bari jeung rada era oge, ngawani-wanikeun medar, kapan sim kuring teh boga kahayang aya nu ngabenerkeun saupamana salah...
AJ
The MetZ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten ah, bade tumaros deui ah, hartos na :-kutan-samanea - postingan kang waluya...hatur nuhun sa teu acan na...:)wass..Awintukang tanya tea
Yahoo! Mail
Use Photomail to share photos without annoying attachments.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

