Nurutkeun panalungtikan ti nu sok camegoh
dihareupeun tipi hususna TPI, wayang golek pagalo jeung wayang ewong teh, mimiti
aya waktu si Cepot ngabodor tur diengklokan ku si Ewon, malahan lamun
keur ngengklokan, si Ewon bari nangtung sagala, padangong dangong
kadang ngadegungkeun nepikeun ka neke sagala ka si cepot. Waktu
harita sambutan ti panongton langsung ger. Atuh puguh we jadi
lalagiheun, tur dianggap kolaborasi eta mangrupakeun kreasi
anyar, anu tujuana meureun nyingkahan kabosen, bosen lamun lawan bobodoran
si cepot eta deui eta deui, mun teu dawala gareng nya ngaheureuyan
rengrengan buta. Ka ideuan ku kolaborasi eta, TPI nganyakeun acara
sarupa, ngan ieu mah husus bobodoran si Cepot kolaborasi artis
jeung palawak anu boga merek ASEP show pleus anu ditayangkeun saban bulan
puasa mangsa ngabuburit.
Kiwari dina acara anu maneuh, unggal malem minggu
nu katempo teh wayang golek lain, wayang ewong lain, Asep show lain. Najan
unggal pentas si Cepot sok ditoelan kunu geulis saperti Nafa Urbah, Cut Keke,
Cut Memey, Cu2rut, tetep we katingalina asa ngarodon,kacuali dalangna didandanan
heula kawas sicepot, atuh secepotna alungkeun heula kana kotak, geus kitu prak
dalang ngabodor nurutan sicepot diengklokan ku artis ( heu heu ). Kuring satuju
tur ngadukung pisan kana eusi surat eta, mari kita kembalikan sicepot ke
alamnya, alam pawayangan. Leuh kawas nu heueuh we nya! he he.
sr
----- Original Message -----
From: Pangeran GogonSent: Wednesday, March 22, 2006 2:56 PMSubject: [Urang Sunda] Surat untuk Dalang Asep Sunandar1. Alur carita jadi dieuweuhkeun
2. Misi hiburan golek jadi sekadar pelengkap sajah, napel dina bodor buta nyaanan tea.
3. Tugas mawa aspirasi mah komo...poho! Persis jiga anggota dewan tea.
4. Kawajiban nyaangan nu poekeun, ngelingkeun nu pohoeun jeung ngadidik ahlak bangsa (aturan hidup luhur amalkan kemanusiaan) diciwai.
5. Harkat dan martabat Kang Cepot sebagai duta besar Pa-Sunda-an dileyek, dilecehkeun diinjak-injak oleh para buta nya anan, sirah dikekesek, nulian nakolan, awak diuyek-uyek, komo nu narekean mah, cing sopan kituh, ulah nyiar-nyiar kami ambek.
6. Masalah pribadi ki dalang diwawar-wawar, rek boga bujal tilu atanapi opat, eta mah hak. Rahasia Ilahi. Teu meunang diubrah-abreh.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

