TOBAT
KH. A. F. Ghozali
Hadirin kaum muslimin anu mulya, mun seug urang rek ngabahas masalah Tobat sakurang – kurangna kudu bisa ngajawab pasualan :
Nu kahiji, naon hartina Tobat
Nu kadua, iraha waktuna
Tobat
Nu katilu, naon saratna Tobat
Nu kaopat, kumaha carana Tobat jeung kasaha Tobat.
Nu terahir mah kumaha jaminan Alloh jeung Rosulna ngeunaan jalma nu daek jeung nu embung Tobat.
Tah numunggaran urang coba-coba ngajawab partanyaan nu kahiji.
Naon ari hartina Tobat teh...? Pa
Ghozali..! Kira-kira barudak oge geus nyahoeun hartina Tobat teh Balik Deui, make Deui…!. Balik deui Kamana..? Kana bener..!
Jadi Tobat teh balik tina kedul kana daekan, balik tina koret kana bageur, balik tina berewik ati kana jembar manah, balik tina bodo katotoloyo kana bodo alewoh, balik tina teu salat kana salat, balik tina kafir kana Islam, balik tina musrik kana tauhid, eta
Tobat teh..!
Lain Astagfirulloh Pa Ghozali Tobat teh, lain istighfar kitu meureun ceuk sepuh mah. Da Tobat mah Istighfar bejana ceuk ajengan, eta oge Tobat keneh, ngan..eta mah wedakna, et amah “make up”na. Da nu pang pentingna mah ngumbah beungeut. Masing wedak 2 jeungkal ge ari teu sibeungeut mah kapan meureun wedak teh campur jeung cileuh..!.
Nu pang pentingna mah balik tina salah kana bener, kakara dipulas ku pangakuan anu ikhlas, Astagfirulloh al’adzim wa ‘atubu ilaih, nun Gusti…… da Gusti mah jembar panghampura, mugi Gusti ngahampura kana kakaliruan ti sim abdi, nu dihaja nu teu dihaja, nu
diaku dosa jeung nu teu nyaho yen eta teh dosa..!
Jadi istighfar mah wedakna, nu pang pentingna mah sibeungeut. Lain hartina wedak teu penting…! Ngan pantes soteh wedak ditapelkeun dina raray, lamun rarayna beresih.
Cag heula ah ngacaprukna, ke diteruskeun deui....!
Emod Morales
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

