Umang laut nu ilahar dipiara
Aya sababaraha spésiés umang nu ilahar aya di pasar akuarium laut. Mangpaat spésiés omnivora atawa hérbivora ieu nyaéta pikeun ngahakanan gang-gang jeung pasésaan lianna.
Umang Karang Beureum (Red Reef hermit crab, Paguristes cadenati), mangrupakeun spésiés nu payu di pasar, kusabab lucu: awakna beureum caang, lebah panonna konéng, sarta ukuranana tetep leutik (kira 2-5 cm). Nu leuwih leutik di antarana umang sébra (sukuna coklat polét bodas), umang tip-beureum, jeung umang suku-bulao. Nu ilahar dikukut di AS mah umang Karibia (Coenobita clypeatus) jeung umang Pasipik (Coenobita compressus), sedengkeun di Éropa mah umang biasa (Pagurus bernhardus). Najan lolobana mah nu didagangkeun téh umang leutik, aya ogé nu bisa tumuwuh nepi ka badag (nu ti basisir pasipik mah bisa nepi ka 30 cm) sarta sok ngahakanan batu karang jeung sato lianna.
Umang biasana paling cocog hirup dina salinitas antara 1,023 jeung 1,025, sarta suhu antara 4-14°C (spésiés sedeng) nepi ka 24-27°C (spésiés tropis), katut gang-gang sarta rupa-rupa 'imah' sangkan umangna bisa milih nu cocog.
Umur
Umur hirup umang rupa-rupa pisan. Mun nu dikandangan, umurna dua nepi ka lima taun, tapi mun dipiara bener-bener mah bisa nepi ka likuran taun atawa leuwih. Kungsi ogé kabéjakeun aya umang nu umurna nepi ka 70 taunan, tapi ieu mah ukur kasus husus.
Baca ogé
* keuyeup
* rajungan
* kapiting
Rujukan
* Hermit crab, Wikipédia édisi basa Inggris (23 Maret 2006)
* Harvey A. & Brodie R., (2001). "Development of the terrestrial hermit crab, Coenobita compressus, in the laboratory". Journal of Crustacean Biology, 21:715-732.
* ITIS Standard Report Page: Paguroidea
Tumbu kaluar
* All Things Crabby Hermit Crab Blog.
* Crab Street Journal.
* CrabbyTalk - Hermit Crab Care and Pictures.
* Epicurean Hermit.
* Hermie Der Einsiedlerkrebs.
* Hermit Crab Addiction.
* Hermit Crab Association.com .
* Hermit Crab Association.
* Hermit-Crabs.com.
* Hermit Crabs R us
* Landhermitcrabs.com.
* Land Hermit Crabs.net .
* The Land Hermit Crab Owners Society.
* Naturally Crabby.
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Umang"
Kategori: Sasatoan
--
sikandar
kumincir.multiply.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

