dua poe ngulampreng ka jakarta. aya kongres nasional himpunan desainer
interior indonesia, hdii. minangka beungkeuten profesi. siga IAI keur
arsitek, IDI keur dokter. keur koruptor aya teu? IKI meureun. heuheu.

tempatna teh di deukeut bunderan HI pisan. hotel Nikko, gigireun wisma
nusantara, sebrangna plasa indonesia. euleuh, dua poe ieu, rarasaan
indonesia teh geus maju pisan. heuheu. lounge hote nikko ngarana lucu,
alun alun. lega memang. manjang.

wewengkon bunderan HI ieu teh asana mah jantungna jakarta. paranti demo
urang jakarta nya.

hese udud di negeri sutiyoso mah. hadena hotel mere tempat di Oak Room.
udud we ngelepus. ulin ka luar, noong, hotel indonesia keur direnovasi
nya. cenah rek di wangun dua menara jangkung, hotel oge sigana. ngarana
jadi grand indonesia hotel. grand teh aki2, siga grand father kitulah.
heuheu...

beak udud, neangan ka luar. aya kios kopi luhureun walungan. paranti
satpol parkir sigana mah da loba satpol keur ngopi jeung udud. nu dagangna
urang garut pasisian. nya babacaan teh basa sunda we.

tapi gening jakarta teh tiis nya, siga di gunung, atawa keur awal winter.
heuheu. na ari kaluar, ngaheab panash. oh, make ac. untung we teu migren
dan make jeket. di jakarta make jeket. hehe.  ngendong mah teu di hotel
nikko, da diongkosan ku pangulinan, biasa kelas ekonomi, di hotel arcadia
tukangeun sarinah.

alhamdulillah, teu kungsi manggihan urut kabogohs. padahal di jakarta aya
tilu-opatna. heuheu.

aya door prize. si kuring kabagi tv 21 inchi samsung. hehe. balik teh bari
mawa kantong beurat pisan eusina conto matrial jeung mangrupa2 brosur
produk interior, ti keramik nepi ka karpet. ngahuleung oge sajongjonan
mah, meunang tivi haratis ti bunderan HI tempat kang Syam Ridwan jualan
cendol.

mj

http://geocities.com/mangjamal










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke