Mang, upami teu lepat di Malang oge sami aya kajadian jiga Bandung Lautan Api. Kantos dibahas manglebarkeun wangunan diduruk, jadi warisan arkitektur jaman baheula ruksak atawa leungit. Ari di Bandung teu aya nu ngomentaran lebar nya. Da perjuangan tea meureun. Lantaran ayeuna oge wangunan baheula teh teu dipiara.
Lain teu ngahargaan kana perjuangan baheula, ngan keur abdi mah sok jadi kapikiran kunaon jeung kudu diduruk, da tentara mah dimana wae oge bisa meureun ari niat ngajajah mah.
Cenah ceuk dina Novel Amber Room, waktu Perang Dunia II sababaraha kota di Jerman ruksak, tapi saenggeus perang diwangun deui persis jiga kota nu baheula oge wangunana. Kitu meureun miara wangunan baheula teh. Tapi urusan ngaduruk mah memang ahlina meureun bangsa urang mah, jiga Mei 1998. Tapi beda ketang konteksna.
Tos ah bisi dituding teu nasionalis, hehehe....teu ngahargaan para pahlawan pejuang kemerdekaan (tentara).
 
Baktos,
ika


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Poe ieu di Bandung taun 1949.
Urang Bandung parundung. imah atawa wangunanana didaruruk ku masing2. teu
sudi abrag-abragan kudu dibikeun ka tentara sekutu mah. kutu tea
pikasebeleun.

poe ieu di Bandung taun 1949.
Urang Bandung ngaduruk wangunananana. ngarungsi ka pakidulan, majalaya
jeung bayongbong garut aya nu nepi ka tasik.

poe ieu di Bandung taun 1949.
Bandung jadi Lautan Api. Api-api mah lain seuneu.

Bandung Lautan Api, mere ilham ka Ismail Marzuki nyieun lagu Halo2 Bandung

Halo2 Bandung
Ibukota Priangan
halo2 bandung
kota kenang2an

sekarang telah menjadi lautan api
mari bung rebut kembali.



mj

http://geocities.com/mangjamal






New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke