Teh Nia, sambel ledok naon, tarasi atanapi sambel oncom? A.. upami sambel tarasi mah kieu (manawi teu lepat ieu resep ti pun nini teras diturunkeun ka pun biang) manawi kaanggo : Bahan : cengek (sacekapna kumaha karesep, upami resep lada nya cengekna diseueuran upami henteu mah dikinten-kinten wae) bawang beureum (sapalih disiksik, teras pisahkeun) bawang bodas laja, & sereh, (disiksik lemes) salam, gula gunung (eh punten gula beureum/kawung) uyah tarasi (kualitasna nua sae) tomat (disiksik ipis-ipis), rada seueur supados pedo hoyong sae ditambihan deui ku cabe beureum kangge bahan nu direndos, supados warna sambelna sae.
cara ngadamel : 1. Bawang beureum, bawang bodas, laja, sereh, uyah,gula, cengek, direndos dugi ka lemes, tos lemes tambihan ku tarasi, rendos dugi lemes sareng nyampur. 2. Tumis bawang beureum anu disiksik sakedap (dugi ka seungit), teras lebetkeun tomat. Aduk dugikeun ka tomatna ancur. 3. Lebetkeun rendosan tarasi 4. Lebetkeun cai sakedik (ulah seueur teuing bilih encer), lebetkeun daun salam, teras aduk-aduk dugikeun ka lengket (caina seep) B. Sambel oncom Bahana sami sareng anu diluhur mung digentos tarasina ku oncom ,upami hoyong raos nganggo oncom pasirreungit teras tambihna anu direndos ku cikur sareng jahe. Carana oge nya kitu sami sareng sambel tarasi. Mung dina sambel oncom mah tomatna hiji atanapi sacekapna ulah seueur teuing. Sambel oncom mah dicoelna ku lobak alit duh.... janten lapar yeuh.....!!!! Pesen, teteh upami tiasamah ulah nganggo pecin (bumbu penyedap), kumargi teu nganggo oge parantos pedo sarengna deuih kan teu sae kanggo kasetanan aeh kasehatan urang. Mangga ka Teteh-teteh anu resep masak wilujeng nyobian ieu resep sambel, kade ulah hilap upami parantos janten sambelna agehan kuring nya he..he..he.. Mung... aya mungna deui, kade upami nuju ngadamel sambel tarasi mah kedah ati-ati pisan.... eta seungitna kamana-mana, pami tiasa mah rambutna ditutup heula. Pokona upami tos nyambel kedah langsung siram da bauna napel kana awak. (punten....??) Meni hoyong ngiringan ka Garut, tapina kumaha geuningan aya pamengan, titip saur sareng titip salam kanggo baraya Sunda anu ngiringan wae. baktosna, pun emme ----- Original Message ----- From: "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, March 27, 2006 1:02 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret di Garut? > cikan, baraya istri ...aya anu gaduh resep sambel ledok?... > cikan punten japrikeun ka abdi,...abdi teh hobby masak, mung pami ngadamel sambel asa sok aya nu kirang.. > > nuhun > Nia > > -----Original Message----- > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Behalf Of denysuwarja2k > Sent: Monday, March 27, 2006 12:41 PM > To: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Saha anu hayang Sangu Tutug Oncom, 30 maret di > Garut? > > > Kuringkatitipan pesen ku Darpan: > Cing kasabeh Babakan KUsnet, sabaraha urang anu rek ka Garut tanggal > 30 Maret tea. > Ieu penting, Kang Darpan rek masak Nila, Sangu Tutug Oncom, Sambel > Ledok, Peuteuy jeung semur jengkol katut asin sepat...komo lalab mah! > Pamajikan Darpan ngarah bisa ngajir pasakeun. > > > Deny > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

