Bade naros, yeuh. Ari cengek teh bahasa indonesiana Cabe Rawit sanes? On Monday 27 March 2006 9:10, Nia Sri Winiarsih wrote: > Bahan : > cengek (sacekapna kumaha karesep, upami resep lada nya cengekna diseueuran > upami henteu mah dikinten-kinten wae) > bawang beureum (sapalih disiksik, teras pisahkeun) > bawang bodas > laja, & sereh, (disiksik lemes) > salam, > gula gunung (eh punten gula beureum/kawung) > uyah > tarasi (kualitasna nua sae) > tomat (disiksik ipis-ipis), rada seueur supados pedo > hoyong sae ditambihan deui ku cabe beureum kangge bahan nu direndos, > supados warna sambelna sae. > > cara ngadamel : > 1. Bawang beureum, bawang bodas, laja, sereh, uyah,gula, cengek, direndos > dugi ka lemes, tos lemes tambihan ku tarasi, rendos dugi lemes sareng > nyampur. > 2. Tumis bawang beureum anu disiksik sakedap (dugi ka seungit), teras > lebetkeun tomat. Aduk dugikeun ka tomatna ancur. > 3. Lebetkeun rendosan tarasi > 4. Lebetkeun cai sakedik (ulah seueur teuing bilih encer), lebetkeun daun > salam, teras aduk-aduk dugikeun ka lengket (caina seep) > > > B. Sambel oncom > Bahana sami sareng anu diluhur mung digentos tarasina ku oncom ,upami > hoyong raos nganggo oncom pasirreungit > teras tambihna anu direndos ku cikur sareng jahe. > Carana oge nya kitu sami sareng sambel tarasi. Mung dina sambel oncom mah > tomatna hiji atanapi sacekapna ulah seueur teuing. > Sambel oncom mah dicoelna ku lobak alit duh.... janten lapar yeuh.....!!!!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

