salam deui.. kang yaya damang? baruk nj sibuk nyah? ari manawi teh somseu..
~ipup~ --- In [email protected], "yr32" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Salam manis, > maniiiiissssssssss.....salam ti kuring > > Daramang baraya? > Lami teu ngulampreng ka lembur, sanes somseu mung pakepuk sareng > eusi padaringan jada pabetekan teu puguh urus. > > Boga bimbingan mahasiswa S3 si calon doktor saurang, S2 si calon > master saurang, jeung 4 S1 si calon Bachelor tea. > > Ngajar anger judula "Advance in Bioactive Compound", resep ngacacang > mere kuliah kasiat koneng gede, peuteuy, antanan, picung, daun > kahitutan, jeng rea-rea deui, hiji-hiji molecules aktifna > dikaluarkeun, disusun struktur kimiana jeung diuji kasiatna, nyaan > tutuwuhan Ki Sunda mah ceuyah, ceuyah ku kasiat. Ngan hanjakal > anakna sorangn dalurjana, mangga bae tingali gunung gundul, pasir > bulistir, kebon molongpong, tegalan ngatrak, deudeuh...... > > Tutuwuhan Ki Sunda nu aya khasiatna ku kuring dimamat-dimeumuet di > Korea, diasupkeun pana imah kaca, suhuna diatur, aliran udarana > dimeujeuhnakeun, mahal siah deuleu...biaya ngarawatna, tapi naha ari > di Wewengkon Sunda nu geus puguh imah balena bet teu diwalurikeun? > > Cag, > Tungtung Seoul > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

