Janten hoyong ngadongeng..
baheula basa nuju kelas 2-4 sd di lembur,enya di majalengka...bapak masih jag2, 
mindeng pisan melak sabrang, kaleresan gaduh sawah di pengkereun bumi teh...ti 
tonggoheun bumi dugi ka sisi lebak...prak teh melak sabrang,bapak mah sok 
kaluar peuting, neang cai, da cai teh di parebutkeun jeung tatangga....

Pas panen,ceuk bapak teh, dari pada maraneh barengong mendingan ngalaan sabrang 
kadinyah tuh tukangeun nu mupu ( nu manen/ nu manen teh sok aya kana 8-10 
urangna ), tah mupuri jig kadinya, engke mun meunang kop pake jajan 
kadinyah..cenah, ka abdi sareng ka adi abdi teh...

Atuh enya wee..abdi jeung adi teh, mawa karung jeung boboko, karung di simpen 
di sisi galengan.. boboko dibbwa kangge ngawadahan sabrang nu kakara di petik. 
Tapi kadang mun bapak teu aya, sok miheulaan nu mupu pak pik pek....hol bapak, 
dodongkoan katukangeun nu mupu....anu leuwih resep mah, mun bapak teu aya...sok 
ngarawuan tina karung anu mupu di pindahkeun kanu karung abdi...

hasilna teh sok di jajankeun atanapi di tabungkeun di sakola...

aeh punten jadi ngacapruk..wararaas tuda.

nia

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Puspita Widyamulya
Sent: Tuesday, March 28, 2006 9:50 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Saha anu hayang--cengek


muhun, sabrang mah jaman baheula dianggona, da sok nguping aki melak
sabrang.. melak cabe.. 

~ipup~

--- In [email protected], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nuhun teh nia, nuhun apih kana waleranana. 
> Ari di cirebonmah kanggo cabe rawit teh aya dua istilah. Aya nu make
kecap 
> CENGEK aya oge nu make kecap SABRANG LEMBUT. Ari di kulawarga kuring
makena 
> istilah nu kadua. 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke