Hatur nuhun kana ulemanana, katampi pisan, jentre tur jelas, komo deui aosan haratisna mah.....
Ke ping 30 April teh tanggal sareng dinten sunda na naon nya? kaliwon sanes?
Nuhun akh
..............
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ehm !
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet
anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi
nu Insya Allah badé diayakeun dina :
Dinten Minggu ping 30 April 2006
ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleusna.
di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal :
Bp. Hamim
Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06
Kel. Parung - Subang
Rute:
-------
upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - Subang,
lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek
angkutan jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae
ojek ka bumi ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti
terminal ledeng ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb.
Acara :
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Diayakeun lomba puisi sunda, ngadongeng, ngabodor, pantun,
sisindiran jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona mah)
- Haratis / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong.
- Disayogikeun rupi-rupi Door Prize kanggo nu sumping oge hadiah
keur nu ngiring lomba.
Kukituna, sim kuring seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng
kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana
dina waktosna.
Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.
Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
-Ndoell-
tukang wawar
hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]
* PENTING !!! *
--------------------
Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA KOPDAR SUBANG
30 April 2006
Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)
Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
********************************************************************
ieu konfirmasi diantos dugi ka kaping 15 April 2006
Anu parantos Konfirmasi diantawisna :
- Kang Toni Sofyan, cikarang, 1 dewasa
- Teh Giawati, cikarang, 1 dewasa
- Teh Nurlidya, cikarang, 1 dewasa
- Kang Iim Ruhimat, Bandung, 2 dewasa, 2 murangkalih
- Kang Yayan, Subang, 3 dewasa
- Teh Imas, 2 dewasa, 2 murangkalih
- Kang Akos Kosasih, 2 dewasa, 2 murangkalih
nu ka subang...subaaaaaaang ...subaaaaaang....
kosong keneeeeeeh......
Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

