Heu heu heu...........

Hade lah mudah mudahan jadi cukang lantaran.... budak bisa leumpang.
ngan bakal reuwas lamun eta budak asalna teu bisa leumpang tuluy dimandian bar dimandian eta budak langsung lumpat hu heu heu

hiji deui kumaha mun kang runa di mandian didinya sangkan jodona deket.

cag ah


durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hoyong cerita, ah. Ngeunaan sumur keramat di wewengkon kuring;

Tepatna di desa leuweung gajah, kec. Ciledug (?), Kab. Cirebon. Aya hiji
sumur nu dikaramatkeun ku masyarakat sabundeureun wilayah eta. Duka nu
pastinamah ti endi bae jama nu sok daratang kadinya, teh. Nu pastimah
pernah sakali dua kali basa urang ngaliwat kadinya nyeuleu mobil bus
gede nomor seri D, jeung nomor seri sejena parkir di area sumur karamat
eta. Rek ka endi deui penumpang mobil etateh mun henteu rek ka sumur
leuweung gajah.

Pang-pangna sumur eta loba di daratangan jelma ti endi-endi lantaran,
cenah, sumur eta teh mawa hasiat jang jama nu mandi make cai sumur eta.
Hasiatnatehmun budak geus kuduna bisa leumpang can leumpang keneh bae
jadi tereh lempang (meureun aya hasiat sejena;  mun hese jodo jadi
enteng jodo,  rejeki seret jadi lancar jrrd. Meureun ieumah. Da nu
kuring terang pastimah hasiat nu nomor hiji tea. Soalna basa keur leutik
pernah kadinya, milu jeung Emih ngamandian si toto, pun adi)

Mun rek mandi di sumur eta teu bisa sambarang waktu. Waktuna kudu poe
jumat kliwon, ti beurang. Mimiti jam 7-an sampe jam 11-an. Mandina kudu
babaseuhan (pakean ulah udaran). Beres mandi salin, terus baju nu jang
mandi babaseuhan tadi kudu ditinggalkeun didinya.

Tos sakitu bae caritana. Mangga.

Wasalam,
dur


Blab-away for as little as 1ยข/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke