duka nami tempatna naon (hilap deui), nu pastinamah ti majalengka bade ka kuningan nu ngalangkung ka Sumber. di dinya teh sok seueur monyet, nu cnah mah monyet2 eta tadina manusa, kusabab munjung, nya jleg jaradi monyet. jeung deui cnah kacirina teh monyet2na sok careurik mun ningali manusa teh. kungsi ka dinya, da loba pisan monyetna, patingsuliwer. ngadareukeutan kahayangna diparaban wae, tapi aya oge nu cicing wae ngawaskeun ti kajauhan. tos ah.. (amit2 jabang bayi)
~ipup~ --- In [email protected], kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aya carios tina sumber anu bisa dipercaya : > > Ngenaan ngetek naha ennya atawa henteuna teu langkung anu masihan masukan ti saha wae anu sakirana bisa nyambungkeun jeung anu ngarana muja, munjung (gawe bareng jeung siluman) > > Kieu ceuk beja lamun jelema munjung ka monyet (NGETEK) pihak siluman monyet teu menta wadal jelema anu kawas siluman sejenna diantarana buta hejo atawa siluman maung anu khanibal, tapi lamun ka siluman monyet (ngetek) urusanana urang dina waktuna kudu daek jadi anggota siluman monyet salila manusa anu bersangkuta can dipunduk umurna kunu kawasa. > > samisal kieu umur manusa ku nukawasa dipasihan 6o taun tah lamun manehna (ngetek) ka monyet bisa dina waktu umur 60 taun eta di potong 10 taun pikeun ngabdi ka siluman monyet, misalkeun ki Arjiam Munjung ka monyet dina umur 30 taun sedengkeun manehna ku maha kawasa di pasihan kumalendang di alam dunya dipasihan 60 taun, heug manehna jeung siluman monyet ngayakeun perjajinan 10 taun. tah panginten Ki arjilam teh dina waktu atawa dina umur 50 taun geus maot (paeh) tina raga badagna nya paeh ti alam dunya, sedengkeun paehna eta teu terus di pundut kunu maha kawasa, tapi manehna nyimpang heula ka alam siluman Monyet tea sa lila 10 taun. > tah kitu balitungan pikeun ka jalma anu mahiwal kasarad ka nagara MONYET, kumaha tah pamendak saderek kintena aya lebetan sarengpamendak anu sanes kintena aya sumber anu langkung jentre. > > mudah mudahan ieu carios bisa ngageuing atanapi pieunteungeun kanggo wargi-wargi sadaya atanapi pikeun ngaronjatkeun kayakinan ibadah urang kanu kawasa, da geuningan urang teh kumalendang di alam rame ieu ngan saukur sajorelat di banding urang jaga diakherat anu bakal langgeung. > > wasalam > Kuncen Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

